Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/101

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

91

2. Gantjangna bakal anu digurit, ĕnggeus djauh lalakonna, lamina geus tudjuh poe, nganggo pĕrdjalanan darat, sarta waktu harita, dongkap kana hidji gunung, ngaran gunung Selagala.

3. Di dinja Sang Raraspedi, djeung sakabeh wadya balad, dina puntjak gunung liren, tina bawaning ku palaj, wuwuh hade tĕmpatna, dina puntjak eta gunung, lĕga tur datar nětělar.

4. Rata lenglang taja kai, wungkul djukut kakawatan, pamtĕs tĕmpat palalangon, djeung katingal sadajana, sugrining pangawatan, wetan-kulon-kaler-kidul, plungplong teu aja halangan. 

5. Maha Ratu Raraspedi, tĕras bae masanggrahan, liren dua-tilu poe, puntjak gunung Selagala, ngadaměl masanggrahan, tĕmpat Ratu djeung soldadu, dikěput ku lajar mota.

6. Sadintěn ĕnggeus tarapti, wantu loba anu njagap, ku wadya soldadu kabeh, kitu deui Sang Sri Nata, djeung Raden Gĕndarata, ĕnggeus linggih dina panggung, dikěput ku lajar sutra.

7. Reup peuting sagala muni, rupa-rupa tatabeuhan, musik koromong djeung renteng, tandji badjidor dordoran, djeung eundeur buang obat, mariĕm pating gĕlĕdug, djeung surak ambal-ambalan. 

8. Sabab manah Raraspedi, djeung kabeh para ponggawa, minangka ka ngahormat bae, kana gunung Selagala, djeung něda pangaruhna, supaja mulus rahaju, laksana sapanĕdana.

9. Sami pada bungah galih, taja nu susah saurang, dina wĕngian eta teh, ngan Raden Aria Kumba, dina waktu harita, damĕlna ngan luntang-lantung, nandang hareudang bajeungjang.

10. Edjegeler hanteu tjitjing, teu kiat nganggo raksukan, tjikaringĕt mani ngotjor, bawaning panas salira, raos tjara dideang, reudjeung batur hanteu tjampur, ngangin niiskeun salira.

11. Tapi Kumba Aringäring, ka sadaja teu wawarta, jen tina nadang kitu teh, ngan djěro manahna heran, ieu naon sababna, bĕt panas rasa diduruk, lir aja nu ngawisaja.

12. Ari aing rek měrědih, ka nu ngaran Gěndarata, djampe atawa pamake, aing teh era katjida, ku sabab geus kawêntar, jen aing unggul ti batur, pangawasa kagagahan.

13. Aing tinimbang mĕrĕdih, leuwih hade njorang pĕdjah, di tĕngah djalan lalakon, lantaran ku ieu panas, kitu tekadna Kumba, tina bawaning ku ĕmbung, kaungkulan kasaktian.

14. Tungtungna Aria Patih, wungkul nangkuban nangkarak, dina luareun papajon, ngutjul sindjang djeung raksukan, ngan kantun dilantjingan, ngibun andjeun dina djukut, batan damang anggur tambah.