Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

100

15. Den Gěndarata kawarti, undjukan ka Kangdjěng Radja, bilih Gusti teu waspaos, wangkid ajeuna pun Kumba, di pamondokanana, udur parna sakalangkung, panas saluar ragana.

16. Amung mugi dampal, Gusti, ulah djadi kagěruhan, kědah pura-pura bae, api-api teu uninga, antěp montong dilajad, margina pikirna estu, sukěr kana dilandongan.

Pangkur

1. Sang Raraspedi ngandika, nu ku naon Ki Kumba Aringäring, udjug-udjug nandang udur, kawas anu kasibat, atawana kabadi ku ieu gunung, djeung hanteu geuwat bebedja, jen katěrap ku kasakit.

2. Tapi rebu kanuhunan, Arja Kumba Aringäring gěring, tangtu laksana nja maksud, hanteu aja halangan, muga-muga kasakitna masing tuluj, suganna djadi lantaran, laksana sakarěp ati.

3. Gěndarata ngawangsulan, tangtos pisan emutan abdi Gusti, pun Kumba udurna madju, těrkadang ka pajunna, tina parna moal tiasa lumaku, upami masih njarěngan, kalajan salira Gusti.

4. Marga ngemutkeun tjatjandran, anu djadi asal ieu pěrkawis, di gunung ieu tinangtu, apěsna Arja Kumba, ku pitulung tuduh djalan tjahja ngěmpur, totonden tereh těrbuka, ngadjait sěpah prawargi.

5. Margi eta ajeuna mah, kěrsa Gusti ulah seueur panggalih, amung tjěngěng ka Jang Agung, mundut kawiludjěngan, mugi-mugi enggal hasil sapanuhun, Sang Ratu ladjěng ngandika, rai ngiring sapanglahir.

6. Gantjangna ieu tjarita, Gěndarata djeung Ratu Raraspedi, saparantos guněm saur, sami kulěm sadaja, ngan wadia soldadu něpi ka isuk, taja nu sare saurang, pesta suka-suka ati.

7. Kotjapkeun ěnggeus isukna, Kangdjěng Radja ka Den Patih ngalahir, jen isukna isuk-isuk, haju urang marangkat, ladjěng bae Raden Patih urus-urus, nimbalan ka praponggawa, satria sarěng pěrdjurit.

8. Kotjapkeun deui isukna, geus ngaberes baris wantu rek indit, kitu deui Maha Ratu, djeung Raden Gěndarata, geus sarami tunggang gadjah si Gurundung, ngan kari ngantos tangara, mirěm ngadjurung indit.

9. Rahaden Aria Kumba, waktu eta tambah nandangan gěring, njongkab panas lir diduruk, ngan langkung-langkung kuat, udjag-adjig bawaning sieun kabitur, katara nadah kasawat, ku Sang Ratu Raraspedi.

10. Sarta geus nitihan kuda, pangpajunna hareupeun prapěrdjurit,