Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

101

wantu senapati pupuh, njaksian pěpěrangan, tunggang kuda ngarendeng hanteu padjauh, sarěng Arja Pramadia, Patih Banuja nagari.

11. Gantjangna ieu tjarita, djěgur marjěm tanda ngadjurung indit, dibarung surak soldadu, ear ambal-ambalan, ladjêng mangkat ngaleut tina luhur gunung, nilar puntjak Selagala, Maha Ratu Raraspedi.

12. Rahaden Mas Gěndarata, hanteu pětot něněda ka Jang Widi, nunuhun ka anu luhung, něda katjipta njata, njipta djalan ka sabeulah kulon-kidul, nu aja tjahaja mubjar, kěrěsa Gusti Jang Widi.

13. Sapaněda kadjadian, ngěmbat djalan teu aja aling-aling, ka sabeulah kulon-kidul, keur djalan wadya balad, baris nudju kana tjahaja nu ngěmpur, dipalar supaja gampang, hanteu norobos nu rumbit,

14. Djalan teu kira hadena, ngabulungbung lěga sarta dikeusik, hanteu nandjak hanteu nutug, ngěbat taja pengkolan, kawuwuhan hanteu njorang pasir gunung, atuh hanteu djadi matak, raripuh wadya pěrdjurit.

15. Gantjangna ieu tjarita, djěngkarna teh Sri Nata Raraspedi, lamina ěnggeus saminggu, ti gunung Selagala, hanteu pisan njorang balai pakewuh, Ratu djeung wadia balad, pangasih Gusti Jang Widi.

16. Waktu harita geus dongkap, kana těgal djeung datar leuwih-leuwih, lěga kira rebu bau, nětělar leuwih lenglang, djeung ngaranna eta těgal Sulungtubu, sarta di těngah-těngahna, aja tangkal kai hidji.

17. Gěde hanteu aja bangsa, rupa-rupa daunna eta kai, aja nu hedjo nu wungu, nu hideung anu bodas, koneng paul gading kajas beureum bungur, ngaran kaju Langlangsona, disěbut ku nu tingali.

18. Sri Maha Ratu Banuja, seug nimbalan ka Raden Arja Patih, Pramadia anu estu, liren di eta těgal, tina sabab ningali ka kulon-kidul, tjahaja tea teu aja, musna ilang tanpa lěbih.

19. Těrus bae masanggrahan, beber mota tarapti tjara tadi, těmpat soldadu djeung Ratu, handapeun Langlangsona, ěnggeus beres wantu balad rebu-rebu, měta njieun pasanggrahan, baris Ratu Raraspedi.

20. Teu lami ladjěng ngandika, Maha Ratu ka Raden Arja Patih, ajeuna Ki Patih kudu, embarkeun ka ponggawa, djeung ka kabeh para wadia soldadu, poma-poma ulah pisan, ka luar ti djěro tangsi.

21. Karana ieu těgalan, goreng hawa matak djadi kasakit, sarta sangar langkung-langkung, kawantu saumurna, tara pisan aja anu kumawantun, ngambah kana ieu těgal, sabab sok matak kabadi.

22. Djeung kadua pěrkarana, peuting ěngke ulah aja nu wani, njieun laku nu teu puguh, tjara di Selagala, suka-suka najub těmbang běluk ngadu, di dieu mah ulah pisan, bisi kumaonam ahir.

**