Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sinom

1. Arja Patih Pramadia, saparantos nampi lahir, teu lami njěmbah pamitan, rek ngembarkeun ka pradjurit, djeung ka ponggawa mantri, gantjangna anu ditjatur, geus nampi sadajana, dawuhan ti Arja Patih, sarta sami ngambangkeun kana panjaram.

2. Ratu sarěng Gěndarata, linggih sarta guněm warti, teu lami Ratu Banuja, ka Gěndarata ngalahir, tapi alon teu tarik, kang rai teu atjan maphum, tjahaja tuduh djalan, sabaraha poe deui, kana mangsa baris pitembongeunana.

3. Ngawangsulan Gěndarata, ka kěrsa Sang Sri Mahadji, pěrkawis eta tjahaja, pibidjileunana lami, emutan abdi Gusti, kantěnan sasasih langkung; kana bidjilna tjahja, tina marga eta Gusti, mugi sabar ngantosan di ieu těgal.

4. Saur Sri Maha Narpatya, kang rai mah amung ngiring, kana sakur kěrsa kakang, mung kang rai naros deui, margina tatjan sidik, tina kakara saumur, ngambah ka ieu těgal, naon ngaranna nu jakti, Sulungtubu sanggěm Raden Gěndarata.

5. Mariksa deui Sri Nata, ari ieu tangkal kai, naon ngaranna nu ěnja mana aneh-aneh teuing, kang rai němbe manggih, kai nu sarupa kitu, warna-warna daunna, gěde luhur taja tanding, sanggěm Raden Gěndarata Langlangsona.

6. Sarěng aja pangaruhna, měnggah ieu tangkal kai, sugri bangsa duruwiksa, siluman djin banaspati, hanteu aja nu wani, ngadeukeutan ieu kaju, ku panas pěrwatěkna, karasana teh ku djurig, mung kadjabi ku bangsa djin geus sampurna.

7. Djin anu njangking agama, ngadji wiwintjiking diri, anu wani ngadeukeutan, kana ieu tangkal kai, malah-malah paranti, měnggah ieu tangkal kaju, pangrungrungan kadjinan, anu geus njangking sadjati, anu nitis pangrasa karaspatian,

8. Ajeuna Gusti sumangga, mudjasmedi ka Jang Widi, supados tjahaja enggal, kana bidjil katingali, Maha Ratu ngalahir sumangga kang rai tumut, gantjang nu ditjarita, ladjěng Sang Sri Maha Adji, mudjasmedi sarěng Raden Gěndarata.

9. Dina djěro pasanggrahan, hanteu pisan bidjil-bidjil, katjatur Aria Kumba, tambah madjuna kasakit, leuwih-leuwih ti tadi, sasumping ka