Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

9

ka wiku, di gunung Gurangsarak, těmpat djauh sarta suni, itung-itung njingkiran kabalahian.

19. Djeung kadua pěrkarana, ama enggeus tampa deui, pangangkěr Ratu Ambarak, nikah teh ngadjakan gasik, di bulan hareup misti, ku ama ěnggeus diwangsul, něda tempo heulaan, disebut udjang keur ngadji di pasantren Rěsi gunung Gurangsarak.

20. Anu matak kudu pisan, udjang teh ulah rek mungkir, masantren di Gurangsarak, poe pageto nja indit, dianteur ku pramantri, Sang Putra njěmbah ngawangsul, ka rama Sri Mahradja; djeung tumungkul langkung adjrih, abdi Gusti mung katur sadaja-daja.

21. Sumědja kumambang pisan, kana sugrining panglahir, mios ti dajeuh Riskomar, ka padesan těpiswiring, gunung liwung nu rumbit, měnggah abdi gusti estu, sumawontěn parěkna, dipangkonan dampal Gusti, nadjan těbih raratan meuntas lautan.

22. Abdi Gusti tumut pisan, ing siang kalajan wengi, Sri Maha Ratu ngandika, sukur udjang hanteu mungkir, ajeuna sing tarapti, beberes djeung urus-urus, bawaeun barang uang, ulah aja anu kari, barang- barang pangeusi karang kaputran.

23. Saparantos ngadawuhan, sadaja bubar ti puri, sědjana sasadiaan, ari nu didjurung indit, ngiberan ka Sang Rěsi, Raden Mantri Děndaturu, miosna tunggang kuda, kawantu djalanna těbih, tudjuh poe djadjahan ku anu leumpang.

24. Ari Pangeran Purnama, lain djadi ngangrès galih, jen nampi dawuhan rama, teu kenging aja di nagri, anggur leuwih ngadjadi, nandang gumbirana kalbu, ari nu djadi sabab, pangbingah lantaran těbih, reudjeung anu rek maksa kana garwaan.

25. Gantjangna ieu tjarita, tunda nu aja di nagri, katjatur di Gurangsarak, ngaran pasantren Pramanik, kenging ngalandi rěsi, dimashurkeun ngaran kitu, ari djěněnganana, eta anu djadi rěsi, kongas nělah Sang Rěsi Muhamad Kurbah.

26. Kamashur ka mana-mana, Rěsi pasantren Pramanik, pupudjaan menak-menak, sipat masalah nu muskil, nu rumbit dina ati, elmu kalawan paněmu, baris dunja aherat, didadar didjieun hasil, dibuktikeun pěrtata pasal pěrtjeka.

27. Tani tigin hanteu tuna, djudjur madju ngadjar ngadji, ngadjadi pandita hardja, hanteu kurang harta harti, padamělan binangkit, bangsa ngarara ngaraut, sarta ukir-ukiran, ngadjeudjeut djeung ngamandjait, pintěr ngatur ngendah-ngendah palataran.