Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Dangdanggula

  1. Waktu eta pasantren Pramanik, langkung-langkung djěmbar sarta hegar, taja bangsana pasantren, tina pintěrna guru, njieun tjonto ka santri-santri, měntakeun hal ihtiar, malar sěnang hirup, nandangan dikamuljaan, katjaturkeun eta Sang Wiku Pramanik, kagungan hidji putra.
  2. Putra istri sarta leuwih geulis, kakasihna Sang Dewi Kania, tatjan kagungan tjaroge, geulisna estu pundjul, mandjing basa lir widadari, juswana kira-kira, limawělas tahun, endah taja papadana, sarta pantěs disěbut mustika istri, waktu djaman harita.
  3. Eukeur geulis kawuwuhan radjin, pěrtjekana sagala iasa, sipat papagon awewe, kasar mori teu wudu, turug-turug sabar tur lantip, sabab watěk kalimah, wantu putra wiku, ngagěm djatining Patimah, sarta nitis sumari di sanubari, dianggo salawasna.
  4. Ěnja eta kasětyaan galih, ampuh timpuh lungguh hade lampah, sareseh sae bubuden, tjangkěr singěr tur akur, jasa basa djeung tata-titi, mun ka semah someah, tindak undak-usuk, balabah gěde wiwaha, sarta surti kana sagala pěrkawis, elmu kasasmitaan.
  5. Ari tata-titi leuwih rintih, tindak-tanduk teu aja awonna, estu mo aja nu něndeng, marga alusna mulus, malah loba rěsi nu sumping, djeung menak nu uninga, ti nu djararauh, ngalamar Dewi Kania, sami wirang lantaran hanteu ditampi, ku putri Gurangsarak.
  6. Tangtu pandjang lamunna ditulis, biněkasna Sang Dewi Kania, mustika putri pasantren, katjatur Maha Wiku, waktu eta linggih di masdjid, djeung sakabeh muridna, ngawuruk bab nahu, djeung sagala kitab-kitab, sakumaha papagon elmuning rěsi, anu keur dimuradan.
  7. Hanteu lami utusan ti nagri, Děndaturu ka pasantren dongkap, barang ku wiku katangen, kaget sartana muru, djeung sakabeh prasantri-santri, tjungtjong nu marundjungan, hormat ka tatamu, ku Wiku ladjěng disambat, eta Mantri ditjandak ka djěro bumi, barina mamandapan.
  8. Linggihna ge dipasang alkětip, djeung pahibut pada dangdan-dangdan, alur tědak nu katamon, linggih papajun-pajun, mantri Děnda sarěngan Rěsi, kitu deui garwana, hibut urus-urus, dangdan keur leueuteunana, djeung tuangeun njisih-njisih baris Mantri, Njai Dewi Kania.
  9. Mantri Děnda barang ret ningali, ěnja eta ka Dewi Kania, hookeun teu pětot měntjrong, kagetna langkung-langkung, da saumur kakara