Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
11

manggih, mungguhing kageulisan, nu sarupi kitu, barang tuang ge hanteu am, da kasima ku ningali anu geulis, datang ka ngutjur kesang.

  1. Hanteu lami Sang Rěsi ka Mantri, těras naros sarta kieu pokna, pun paman kalintang kaget, wirehing ku saumur, kasumpingan djuragan Mantri, istuning langkung reuwas, wantu anu dusun, titisan těrah padesan, mugi-mugi djuragan enggal wawarti, naon margina lěnggah.
  1. Sěmu aja nu bade digalih, Mantri Děnda těras ngawangsulan, měnggah kang putra sajaktos, margana aja pěrlu, ka kěrěsa kang rama Rěsi, wireh nampi dawuhan, ti Sri Maha Ratu, ngabantun sěrat ka rama, hanteu lami sěrat ku rěsi ditampi, sarta kieu ungělna.
  1. Wiku Kurbah pasantren Pramanik, marga kula ngirim ieu surat, malar wiku těrang bae, kaula menta tulung: pangdjaringkeun masing utami, ku piwulang pituah, djalan geusan mulus, anak kula Ki Purnama, pamaksudna rek masantren di Pramanik, ngadji elmuning kitab.
  1. Rek diadjar elmuning susutji, pěrdjalanan pěrtata agama, teteskeun sing hade-hade, sarta ku rêsi kudu, djaring dina beurang djeung peuting, bisina luluntaan, njaba ka nu djauh, eta ulah meunang pisan. Ki Purnama kana dibere paidin, tjaram sabeunang-beunang.
  1. Ngan sakitu kula paměrědih, salam kula Ratu di Riskomar, Narpatos Dewa Pramajon, barang Rěsi geus tutup, ngaos sěrat pasihan Gusti, langkung-langkung bungahna, teu eureun nunuhun, raos tina dipěrtjaja, hanteu lami njarios ka Raden Mantri, Wiku Muhamad Kurbah.
  1. Aduh-aduh paman nindih takdir, njorang mangsa kamuljaan badan, sabobot kěton saewon, kagunturan ku wahju, taja tanding kabingah ati, nampi pangěrěsana, Sang Sri Maha Ratu, nimbalan ka diri paman, Sang Pangeran kědah diaping, didjaring, kěrsana ngaos kitab.
  1. Rebu-rebu nuhun lahir batin, rek dianggo sarta diuninga, marga kamaasan bodo, Raden Mantri ngawangsul, margi eta ajeuna mugi, kang rama kědah pisan, dintěn ieu ngutus, beberes ngosongkeun těmpat, anu gěde pondok atanapi bumi, keur pilinggiheunana.
  1. Tina margi sumpingna pinasti, roa njandak sipat barang-barang, saeusi kuputran bae, rentjang-rentjang mo kantun, moal tjěkap ku těmpat alit, Sang Rěsi ngawalonan, paman hanteu ewuh, ku těmpat pikeun lěnggahna, tina margi awon-awon mah sajagi, rorompok patamuan.
  1. Sabadana Sang Rěsi wawarti, ladjěng njaur ka santri sadaja, ngembarkeun maparin njaho, bakal sumping Sang Sunu, dimistikeun kabeh prasantri, kěrna Allah seseka, ngored djeung sasapu, beberes dipatamuan, santri-santri barang nampi saur Rěsi, těras pada ubiag.
  1. Ngadjalankeun parentah Sang Rěsi, nu sasapu sawareh nu mulas,