Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

12

nu ngome pagěr djeung ngored, sarta kabeh teu suwung, hanjang geura Sang Sunu sumping, tina sabab kawěntar, jen kasep pinundjul, palikirna hajang geura, ngabuktikeun kasep gumilangna sidik, ulah bět wungkul bedja.

20. Ari eta Mantri teh teu lami, saěnggeusna tarapti harita, ti pasantren mulih bae, katjaturkeun Sang Wiku, ka garwana těras wawarti, djeung ka Dewi Kania, kudu urus-urus, baris njondongkeun Sang Putra, njumanggakeun Dewi Kania ka Rěsi, sarta těras popolah.

21. Henteu susah wantu anu radjin, turug-turug di bangsa nu aja, njanga-njanga ngueh-ngueh, tunda anu di gunung, kotjap anu aja di nagri, dina waktu harita, ěnggeus sami kumpul, nu bade djadjap Sang Putra, mantri-mantri geus kumpul di pantjaniti, kuda pating haroang.

22. Abdi-abdi anu beunang milih, anu bědas nanggung barang-barang, sawareh anu ngagotong, Radja Putra katjatur, nganggo-nganggo di djěro puri, saenggeusna sadia, Kangdjeng Ratu njaur, eh udjang Purnama Alam, didungakeun ku ama sing tereh hasil, nja ngalap pangabisa.

23. Kaduana kudu eling-eling, kana laku lampah nu biasa, kade kasongler ku goreng, sabab enggeus kamashur, mungguh diri udjang pribadi, njekěl kasatiaan, djeung elmu paněmu, ku sabab eta pamuga, sing tumuluj mulus laku wěning ati, anggang djeung pantja-baja.

24. Sang Sri Nata sabada ngalahir, ngahajohkeun ka Pangeran Putra, da geus ninggang dawuh hade, Sang Putra njěmbah sudjud, sarta těras lungsur ti puri, tunggang kana kaderah, kantjana nu murub, panabur sipat sosotja, intěn mirah mutiara tingkarětip, matak serab nu ningal.

25. Ladjeng djengkar nu ngiring pramantri, sadajana sami tunggang kuda, ngaleut pungkureun Sang Anom, di sisi djalan pinuh, ku awewe reudjeung lalaki, ku sabab geus kawěntar, putra Kangdjěng Ratu, Pangeran Purnama Alam, bade ngalih ka pasantren Paramanik, djalma pada midangdam.

26. Tunda heula anu ti nagari, tjatur deui di pasantren tea, waktu eta dipatamon, geus beres sarta pinuh, ku parabot papaes bumi, di pajun pasang medja, korsi bangku lampu, pigura dipasang-pasang, hanteu dusun kawantu resi běrbudi, njonto tata nagara.

27. Tengah bumi dipasang alketip, ěrak-ěrak sarta medja kěnap, kapsětok djeung eunteung gěde, gunalong djeung kulambu, hanteu aja kurang sahidji, pěrhias patamuan, baris putra Ratu, di pajun bunděran kembang, pagěr ngělir sarigsig diombak tjai, pantěs karang kaputran.

28. Turut sisi puring katjapiring, didjadjaran ku pot rupa-rupa, malati gambir ergulo, sakur sěkar nu harum, ngadalingding bidjil wawangi,