Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

13

katjatur Wiku Kurbah, harita geus maphum, tangtu dina poe eta, sumpingna teh Sang Radjaputra ti nagri, Sang Rěsi dangdan-dangdan.

29. Kěrsa mapag ka anu rek sumping, sanggeus sikep nganggona tras djěngkar, djubah gading sorban hedjo, satri-santri teu kantun, sami. ngiring ka kěrsa Rěsi, bade mapag Sang Putra, ti gunung murudul, kawantu santri ratusan, sami make badju bodas ikět njudir, samping poleng bolegbag.

30. Katjaturkeun anu ti nagari, geus pasanggrok Sang Putra waspada, sidik ka urang pasantren, Pangeran Putra Sunu, barang ningal sidik ka Rěsi, lungsur tina kaderah, sarta těrus muru, ka eta Sang Rěsi Kurbah, sanggeus djongok těras hurmatan babakti, njěmbah bari mundjungan.

31. Kitu deui kabeh santri-santri, marundjungan ngalap barkat sunat, ribut dugi silisered, malah loba nu labuh, da ngingětkeun timbalan Rěsi, mangsa anu milampah, sunat sungguh-sungguh, tinangtu meunang gandjaran, diasupkeun kana sawarga di batin, moal njorang naraka.

32. Sabadana marundjung teu lami, Wiku Kurbah njarios djeung rěndah, ka eta Pangeran Anom, pun paman anu estu, sinarěngan praabdi- abdi, marga ka dieu dongkap, wireh langkung-langkung, tina ageng pamaksadan, hajang mapag kalajan sumědet ati, hajang enggal patěpang.

33. Radjaputra ngawangsul ka Rěsi, rebu-rebu kang putra nuhunna, miwah djadi bingah raos, ama lunturing kalbu, kěrsa mapag pěrtawis asih, rido ama ka putra, Sang Wiku ngawangsul, kemutan marga bubuhan, wadjib katur bakti pinton sětya ati, kawuwuh rada djagdjag.

34. Marga eta sumangga pamugi, enggal-enggal ka pasantren lěnggah, sajagi karang patamon, gantjangna nu ditjatur, Radjaputra sarěng Sang Rěsi, djěngkar ti těmpat eta, murudul ka gunung, njaratjat teu tutunggangan, sabab deukeut satengah pal moal leuwih, ka pasantren ti dinja.

35. Nadjan těbih moal burung něpi, nadjan anggang moal burung datang, ka pasantren geus torodjol, kana patamon nudju, hanteu lami sami lalinggih, di bandjar-patamuan, Sang Putra djeung Wiku, mantri- mantri hanteu tinggal, geus majunan bangsa tuangeun nu amis, djeung sakur bubuahan.

36. Katjaturkeun harita Sang Rěsi, sadjěroning lenggah hanteu kendat, kaget ningal ka Şang Anom, djeung mudji dina kalbu, jen saumur kakara manggih, nu sakitu kasepna, paingan kamashur, sok matak gujur nagara, sadajana sami kapintjut prasantri, ku Pangeran Purnama.

37.Kitu deui sakabeh prasantri, beres mando pajuneun Sang Putra, sarta narandangan kaget, naringal ka Sang Sunu, tina langkung kasep