Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
108

těrang, ngandika deui Putri teh, ku sabab eta kitu, ajeuna mah nja urang indit, tuturkeun bae kula, ulah arek kantun, karana ajeuna kula, tjeuk pituduh kudu djugdjug gasik-gasik, ka těmpat Langlangsona.

  1. Njumanggakeun Mantri ka Sang Putri, gantjang djengkar Putri tina bulan, ngalajang dina lolowong, madju ka těmpat lajung, suat-seot bawaning tarik, ngoleang kaja hampang, laku anu ngapung, sarta minděng sumpang-simpang, djeung teu pětot rarat-reret ka nu buni, Putri Ratna Suminar.
  1. Ampir-ampir Ki Mas Mantri Ginggi, katinggaleun ku Ratna Suminar, tjape ngudag kesang ngotjor, Ratna Suminar langkung, nandang bungah nu leuwih², tina kenging těrbuka, tuduhan nu luhung, atuh angkat pakaulan, pělěsiran ngatjatjang di mega kuning, liren di mega bodas.
  1. Barang eukeur liren Ratuputri, katingali di sabeulah wetan, djauh kira aja sapos, aja nu keur lumaku, luntang-lantung dina wiati, Ratu Putri ngandika, sarta kaget kalbu, tjoba paman Mantri tingal, saha itu anu keur ngambah wiati, aja di madhab wetan.
  1. Barang ningal Ki Mas Mantri Ginggi, katingali sidik jen manusa, ngambah pěrdjalanan lowong, Mantri Ginggi piundjuk, jaktos anu ngambah wiati, ponggawa kamanusan, damělna ngalantung, mung duka gamparan saha, palangsiang piwarangan Kangdjěng Gusti, njusul lěnggah gamparan.
  1. Ratu Putri ngandika ka Mantri, tjoba atuh ku paman pariksa, sidikkeun sarta sing djongok, ku ku kaula ditunggu, hanteu lami Ki Mantri Ginggi, ngambangkeun ka dawuhan, ka wetan disusul, Ratna Suminar ngantosan, beulah kulon linggih dina mega putih, Mantri Ginggi teu lila.
  1. Barang gok teh Ki Mas Mantri Ginggi, hanteu samar ka Aria Kumba, wantu wawuh ti bareto, Patih Kumba kalangkung, nadang kaget djěroning ati, sarta těrus mariksa, ka nu karek tjunduk, eh Mantri Ginggi ti mana, kawas aja anu eukeur dipulisi, ka luar tina guha.
  1. Mantri Ginggi eling kana warti, tuduh tea waktu dina bulan, Kumba kudu pake gěntos, keur parab ratjun-ratjun, langkung bungah Ki Mantri Ginggi, dumeh Kumba kapěndak, teu lila ngawangsul, sartana sugal katjida, pokna sukur ajeuna maneh pinasti, ku kami rek dibanda.