Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Pangkur

1. Raden Arja Patih Kumba, langkung kaget ngupingkeun Mantri Ginggi, gidir sarta rumandjug, waosna kěkěrotan, raraj beureum bawaning ku langkung běndu, sotjana buburilěngan, bari měta těrus singkil.

2. Aria Kumba teu tata, tina langkung pusing ka Mantri Ginggi, udjug-udjug djěkuk numbuk, keuna kana taarna, Mantri Ginggi ngabangkieung rada landjung, teu lila gantjang malěsan. Ki Mantri djěbet nampiling.

3. Kumba rada katorekan, wantu-wantu nu keuna lěbah tjěpil, barang ěnggeus emut těrus, Patih Kumba malěsan, djěkuk meupeuh nudju kana iga burung, karasa parna katjida, Mantri Ginggi rada ngidjing.

4. Malěs Ginggi njepak mamas, Arja Kumba raos njeleket njěri, malěs ngadjědjěk harigu, sarua pada kuat, sili tadjong sili balang sili tumbuk, teu aja anu kasoran, Kumba reudjeung Mantri Ginggi.

5. Sang Adjěng Ratna Suminar, langkung-langkung kaget lěběting galih, jen ningal ka nu keur tarung, njaur djěroning manah, aeh naha Mantri Ginggi těrus gělut, asal dititah mariksa, tuluj rusuh sili-banting.

6. Palangsiang eta djalma, djurudjana gawena tukang maling, alur ngundeur umur batur, aja di djumantara, djeung pěrtela paman Mantri anu ripuh, kaběrěg taja tempona, kasoran ku bapa maling.

7. Ratna Suminar teu lila, ladjěng djěngkar rek nulung Mantri Ginggi, lir kilat bawaning rusuh, barang tjakět tetela. Ratu Putri teu pisan samar nja kalbu, Kumba papatih Amabarak, nu tarung djeung Mantri Ginggi.

8. Ratna Suminar teu tata, djol kěrěwěk newak tjěpilna Patih, bari ditjěntok ka pungkur, sartana ditanganan, barang djěbet Kumba ku Sang Putri Aju, ditampiling kapiuhan, ngoleang tina wiati.

9. Kumba lir kalakaj ragrag, hanteu eling muntir dina wiati, ku Mantri Ginggi disusul, maksud rek dipaehan, Arja Patih ngoleang teu emut-emut, bawaning langkung matihna, panangan Sang Ratu Putri.

10. Dumadakan Arja Kumba, měněr pisan ragragna ti wiati, kana těgal Sulungtubu, njangsang di Langlangsona, Raraspedi, waktu harita keur nudju, sarěng Raden Gěndarata, Raden Pramadia Patih.

11. Di handapeun Langlangsona, sami linggih dina korsi keur niis,