Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/112

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

110

kira lohor pukul satu, sami kaget sadaja, sarta pada taranggah ningal ka luhur, sabab aja nu ngagobras, dina Langlangsona kai.

12. Katingal ku Sang Sri Nata, sidik pisan Ki Kumba Aringäring, njangsang dina dahan kaju, Ratu ladjěng ngandika, tjoba Patih geuning Arja Kumba itu, njangsang dina Langlangsona, bět ragrag tina wiati.

13. Tapi kawas paeh misan, tina sabab ngadjěhdjěr hanteu usik, tjoba nitah buru-buru, sina ditaraekan, Raden Patih njaur Mantri djagasatru, miwarang ngabantun Kumba, tina dahan eta kai.

14. Hanteu lila Arja Kumba, seug digotong ku kabeh para mantri, ti luhur ditjandak turun, barang ěnggeus ka handap Arja Kumba ngalehleh teu emut², ngan ěmpes-ěmpes ngamběkna, pajuneun Sang Raraspedi.

15. Barang keur pada ningalan, Adjěng Ratna Suminar ěnggeus sumping, nu ngiring Ginggi ti pungkur, ka těmpat Langlangsona, sarta ngaděg pajuneun Sang Maha Ratu, tandang teu aja karempan, ningali ka Raraspedi.

16. Sang Maha Ratu Banuja, djeung sakabeh ponggawa patih mantri, kaget ningal anu tjunduk, sarta patingal-tingal, tingharewos pada njěbut saha itu, sumawonna Sang Banuja, hookeun hěnteu ngalahir.

17. Nja kitu Ratna Suminar, rurut-reret taja nu ditingali, bari njaur lěbět kalbu, nja ieu palangsiang, ngaran kai Langlangsona Sulungtubu, pituduh ti patapaan, kawasna moal sak deui.

18. Reudjeung eta tangtu pisan, anu ngaran Sang Ratu Raraspedi, nu disěbut ku pituduh, sarta ieu kaina, sidik gěde luhur rupa-rupa daun, tjing ku aing rek ditanja, bisi ěnja Raraspedi.

19. Gantjangna Ratna Suminar, papariksa ka Ratu Raraspedi, dangah sarta basa luhur, wantu-wantu adatna, Ratu Putri tara nganggo tindak-tanduk, těrěgěs basana kasar, nadjan ka para bopati.

20. Eta paman nu ti mana, kawas-kawas pangkat bangsa bopati, ngarungrung di těgal liwung, lalakon masanggrahan, kawas anu keur nandang bantjang-pakewuh, milampah nilar nagara, tjoba kula menta warti.

21. Teu lami Ratu Banuja, ngawalonan ngan kěder galih, wantu kakara saumur, měndak nu kurang tata, songong běngong tapi geulis matak lutju, saurna Ratu Banuja, paman teh jaktos Bopati.

22. Ratu di nagri Banuja, kabawahan Ratu Ambarak nagri, ari margana ngarungrung, di dieu masanggrahan, paman eukeur ngambangkeun dawuhan Ratu, Sri Maha Putiasukma, ka paman nimbalan indit.

23. Nangkěp Sang Ratu Riskomar, nu djěněngan Sang Pramajon Narpati, kědah ditigas dibunuh, dupi nu djadi marga, Sang Pramajon