Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
111

tjidra ka kěrěsa Ratu, Putiasukma Ambarak, djalanan Siti Kaswati.

24.  Parantos dipatjang-patjang, ka putrana Sang Riskomar nagari, rudjuk sěpuh pada sěpuh, djěněngan paměgětna, nu kamashur Purnama Alam saestu, tapi Sang Purnama Alam, ahir-ahir djadi nampik.

25.  Turug-turug Sang Purnama, eukeur tjídra bět tuluj boga rabi, ngabokong ti kěrsa Ratu, ka awewe nu lian, eta kitu djalanna margi dirurug, nja paman nu didjurungan, ku Sang Putiasukmadji.

26.  Malah paman disaksian, ku patihna Ki Kumba Aringäring, sarěng nganggo taruh umur, lamun paman kasoran, ěnggeus tangtu dihukum pati ku Ratu, pangadilan Sang Ambarak, kitu anu geus dipasti.

27.  Amung Arja Patih Kumba, barang dongkap ka ieu tégal gěring, sarěng ripuhna kalangkung, ka paman permuhunan, Patih Kumba maksud njělang heula wangsul, ku paman teu diidinan, marga hěnteu aja ganti.

28.  Baris kana saksi pěrang, anu bakal nangen unggul djeung sisip, mung Arja Kumba murugul, hanteu kenging ditjaram, anggur tuluj kětjap kasar mawur tjatur, kaja lain ka Dipatya, tjara tata onom djurig.

●●


Sinom

1.  Barang keur ngomong susumbar, Patih Kumba Aringäring, ku Aria Pramadia, ditjèkěl těrus dibanting, bubuhan ieu Patih, ngingětkeun bela ka ratu, tapi Aria Kumba, saenggeusna ditampiling, těrus bae ngědjat kana djomantara.

2.  Atuh paman hanteu kebat, mios ka Riskomar nagri, marga taja Arja Kumba, nja těrus di dieu tjitjing, bawaning susah ati, djadi rasa buntu laku, tapi ajeuna heran, ieu Kumba Aringäring, udjug-udjug ragrag tina awang-awang.

3.  Njangsang dina Langlangsona, ngadjěhdjěr teu usik-usik, ruksak saluar ragana, paman tambah susah ati, tangtu sangka Sukmadji, paman anu boga laku, ngaruksak Arja Kumba, njangka ěmbung make saksi, tah geus tangtu kitu mamanahanana.

4.  Saha nu bade nulungan, ka diri paman pribadi, lamun Sang Ratu Ambarak, bendu sarta ngarah pati, ka diri paman jakti, sarěng ka mana nja njumput, upami Sang Ambarak, kěrsana ngahukum pati, tah sakitu paman teh nja kasusahan.

5.  Sang Adjeng Ratna Suminar, gumudjěng bari ngalahir, paman