Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
113

15. Ari eta Patih Kumba, digotong ku para mantri, diteundeun dina tempatna, urut manehna pribadi, hanteu usik teu malik, ngadjěhdjěr teu emut-emut, ukur aja njawaan, didjaga ku para mantri, bisi ingět kabur lunta ka nu anggang.

16. Katjatur Ratna Suminar, sareng Ratu Raraspedi, ka tiluna Gěndarata, Pramadia Mantri Ginggi, anu di handap tjalik, marando pajuneun Ratu, di djero pasanggrahan, nja eta keur guněm warti, Raraspedi anu ngawitan ngandika.

17. Paman njusul pangandika, ka kěrsa Sang Adjěng Putri, pěrkawis ngěrsakeun djěngkar, ngilari Dewi Pramaník, měnggah Sang Adjěng mugi, ajeuna kědah barěmpug, malar kawiludjěngan, sareng pun lantjeuk sajakti, ěnja ieu wasta Raden Gendarata.

18. Kantěnan ieu nu terang, ka těmpat Dewi Pramanik, sumangga geura pariksa, Ratna Suminar ngalahir, ka Gěndarata rěsi, tjing paman geura pisaur, masing terang ka kula, tempatna Dewi Pramanik, nagri mana mun di gunung gunung mana.

19. Hanteu lami Gendarata, ngawangsul ka Ratuputri, Dewi Pramanik lěnggahna, ti dieu kalangkung těbih, moal dongkap sawěngi, di puntjak gunung Binarum, ngulon-ngidul pěrnahna, těmpat patapaan istri, paměgět mah tjěgahan djarah ka dinja.

20. Upami aja nu maksa, ka těmpat Dewi Pramanik, lalaki maksudna djarah, gunungna ngadadak leungit, ngadjadi leuweung rumbit, tempat sato-sato wungkul, běrhala sato hewan, singa maung oraj matih, badak adjag bagong banteng djeung biruang.

21. Sang Putri deui ngandika, susah těměn kula indit, lamun taja nu nganteur mah, ka těmpat Dewi Pramanik, ku bangsana lalaki, karana kula teu maphum, dina lěbah-lěěbahna, gunung Binarum nu jakin, ngaranna ge kakara terang ajeuna.

22. Lamun hanteu dianteur mah, ku diri paman pribadi, geus tangtu kaula sasab, těrkadang moal kapanggih, nadjan saumur hurip da taja nu mere tuduh, ari arek neangan, awewe anu tingali, baris batur nu purah nuduhkeun djalan.

23. Kula taja kawawuhan, djeung bangsa manusa istri, njaba ge němbe ajeuna, ka wewengkon kolong langit, mun teu djeung paman Ginggi, kula tangtu uprak-apruk, ku sabab eta kula, rek keukeuh bae měrědih, ka paman teh ngenta piakaleunana.

●●

Purnama Alam 1 - 8