Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asmarandana

1.  Supaja kula pinanggih, laksana nja pamaksudan, djeung Dewi Pramanik amprok, tjing atuh kuma' pětana, kula menta kamandang, pituduh anu saestu, djalanna ka gunung eta.

2.  Djeung pikir kula pribadi, leuwih hade njorang wapat, tinimbang hanteu paamprok, anu dimaksud ku kula, Dewi Pramanik tea, kitu tekad kula estu, bawaning tigin kahajang.

3.  Gěndarata hanteu lami, ka Sang Putri ngawalonan, gamparan upami jaktos, marga katiginan manah, ajeuna sae pisan, mung abdi gaduh piundjuk, měnggah ka lenggah gamparan.

4.  Gamparan ajeuna mugi, kědah djěngkar ka Riskomar, ka Ratu Dewa Pramajon, tjarioskeun ku gamparan, Ratu Putiasukma, kěrsana bade ngarurug, ngabasmi dajeuh Riskomar.

5.  Gamparan teh kědah djangdji, sanggěm nulung ka andjeunna, nangkěp Sang Put'a Katong, ngabasmi wadya-baladna, tapi gamparan kědah, aja tandjakan pamundut, ka Ratu nagri Riskomar.

6.  Kědah mundut hidji istri, djenengan Dewi Kania, minantu andjeunna jaktos, garwa Sang Purnama Alam, ku sabab moal aja, nu terang gunung Binarum, djabi ti Dewi Kania.

7.  Barang Ratuputri nguping, piundjukna Gěndarata, langkung-langkung tampi raos, aja manah disindiran, ku Raden Gěndarata, tumungkul barina imut, djeung njaur djěroning manah.

8.  Kawas-kawas lampah aing, katangen ku Gěndarata, bukti mere silib bae, nitah ka nagri Riskomar, lěmbur Purnama Alam, laku aing teh kabitur, jen keur nandang kaedanan.

9.  Tatapina kadjeun teuing, tinimbang hanteu laksana, arek dilampahkeun bae, era-era ge wajahna, ku ieu Gěndarata, sakětjapna rek digugu, suganna djadi lantaran.

10.  Ti dinja těras ngalahir, pěrkara kula dititah, něpungan Ratu Pramajon, moal burung kula iang, ka nagara Riskomar tapi kaula panuhun, subaja ka sarerea.

11.  Eta Kumba Aringäring, mihape saheulaanan, djaga masing hade-hade, bisi ingět tuluj leupas, kabur ka anu anggang, sabot kaula lumaku, ka dajeuh nagri Riskomar.

12.  Sang Raraspedi ngalahir, lah atuh pun paman sěsah, ditilar ku