Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
119

těrus bae ka handap, moro kana kukus, di alun-alun Riskomar, hanteu lami sumping ka handap Sang Putri, ěnggeus ngadampal lěmah.

22.  Kana kukus teu pětot ningali, djeung gumudjeng ningal parukujan, ku santosa kantjah gede, sarta Sang Putri Aju, rurut-reret djeung ulak-ilik, hanteu aja djělěma, dina alun-alun, ngan wungkul ti kaanggangan, tina marga ku kěrěsa Sang Nartpati, dilarang ngadeukeutan.

23.  Sadajana nu sami ningali, para mantri sarta hulubalang djagasatru prakaliwon, pada kaget kalangkung, aja putri turun ti langit, sarta leuwih endahna, ngadeukeutan kukus, katjatur Ratu Riskomar, djeung sadaja para tuměnggung bupati, nu lenggah di paměngkang.

24.  Sami ngaděg hookeun ningali, tina langkung karageteun manah, sarta teu pětot malèntjrong, ka téngah alun-alun, aja putri turun ti langit, njampeurkeun parukujan, Sang Riskomar njaur, ka Raden Aria Patya, tjoba Patih pariksa masingna sidik, bět djiga Nji Kania.

25.  Hanteu lami Raden Arja Patih, ladjeng djěngkar ti gědong paměngkang, rek něgěskeun ka putri teh, hanteu lami geus těpung. Arja Patih sareng Sang Putri, tatapi Raden Arja, ningal Raden Aju, teu kira² kagetna, sarta langkung sumiak lěběting galih, nandangan keder manah.

26.  Ratu Putri ningali ka Patih, tandang dangah teu aja kabingbang imut djeung teu pětot měntjrong, teu lami ladjeng njaur, eh andika kawas papatih, pagawe di nagara, Den Patih ngawangsul, jaktos paman teh Aria, kawasana Djeng Gusti Maha Narpati, Ratu ieu nagara.

27.  Sawangsulna sědja naros deui, tina paman němbean patěpang, na saha ari andjeun teh, wawangi nu kasebut, sinarengan ti mana bumi, naon anu dimaksud, anu mawi tjunduk, měnggah ka ieu nagara, Ratu Putri ka Raden Aria Patih, gantjang seug ngawalonan.

28.  Kula nuhun ditanja ku Patih, hal pěrkara rumah-tangga kula djeung nanja ngaran nu sohor, kaula anu estu, ti nagari pusēring bumi, dajeuh Tolongtělěngan, ngaran kula estu, Sang Adjeng Ratna Suminar, Ratu ing rat Děndakalangěnansari, Guha Karang-panjiksan.

29.  Rama kula Sri Maha Narpati, kakasihna Maha Saksaria, di puser bumi ngaraton, ari anu dimaksud, pang kaula ka ieu nagri, kula hajang manggihan, ka nu djadi ratu, ku paman ajeuna geuwat, pangbedjakeun ka ratu ieu nagari, kaula maksud ngandjang.

30.  Arja Patih nguping saur Putri, langkung kaget ku tina kakara, měndak nu songong bělěngong, tungtungna langkung-langkung, Patih gimir ku Ratu Putri, dugi pupuringkakan, sisiakan punduk, sarta teu lami Den Arja, njumanggakeun kana timbalan Sang Putri, gantjangna ka paměngkang.