Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
120

31.  Geus ngadeuheus ka Sang Maha Adji, sarta tĕras Rahaden Aria, piundjuk anu pĕrlente, pĕrkawis Putri itu, ku sim abdi Gusti pribadi, parantos dipariksa, wasta sarĕng lĕmbur, dupi pisanggĕmanana, tĕbih pisan ti Tolongtĕlĕngan nagri, dajeuh di sapatala.

32.  Ratu Putri Dĕndalangěnsari, kakasihna Sang Ratna Suminar, putri Sang Saksari Katong, nagri bumi pingpitu, sarĕng margi ka dieu sumping, saurna hojong tĕpang, kalajan 'Djĕng Ratu; kitu katĕranganana, hanteu lami Ratu Pramajon ngalahir, ka eta Raden Arja.

33.  Djeung ka kabeh tumĕnggung bopati, atuh geuwat papag ku sadaja, tatamu Ratu Pinutren, gantjangna nu ditjatur, sadajana para bopati, mapag Ratna Suminar, brul ka alun-alun, Sang Ratu Putri was-pada, ka sadaja para tumênggung bopati, jen mapag ka andjeunna.

34.  Sang Durpina nu madĕp ka Putri, saĕnggeusna djongok seug ngandika, ka eta Ratu Putri teh, ama kenging pangdawuh, ti kĕrĕsa Sang Maha Adji, Njai teh mugi lĕnggah, dawuhan Sang Ratu, diantosan di paměngkang, Ratu Putri ka Sang Durpina ngalahir, mangga kula ngiringan.

35.  Hanteu lami ladjêng Ratu Putri, diiringkeun ku para dipatya, nudju ka pamêngkang bae, dibudjĕng ku Sang Ratu, sinarĕngan ku Prameswari, dilinggihkeun Sang Ratna, kana korsi mantjur, beunang narapang sosotja, dipajunan ku Sang Sri Pramajon Adji, Ratu Putri Nonoman.

Sinom

1.  Sang Adjěng Ratna Suminar, linggih dina korsi gading, tandang teu aja kabingbang, djeung rurut-reret ningali, ka sadaja bopati, sêmu hanteu rempan kalbu, teu lami Sang Riskomar, ngandika ka Ratu Putri, ama langkung reuwas marga kasumpingan.

2.   Kawuwuh nĕmbean pisan, těpang djeung salira Njai, ti mana nja palinggihan, sarěng saha nja, kakasih, naon nu dipigalih, sĕmu aja nu pĕrĕlu, tjobi ama wartosan, supaja djadi kaharti, Ratu Putri ngawangsul ka Sang Riskomar.

3.  Tapi adat geus biasa, tata-titi, teu diganti, tagog dangah basa kasar, hanteu milih ka narpati, wantu ti murangkalih, dipigusti ku praratu, bawah Tolongt£lêngan, pada serab pada gimir, wantu gagah sakti satjiptana njata.