Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

121

4. Saurna Ratna Suminar, tong reuwas paman Narpati, kadatangan ku kaula, da lain rek murka ati, mungguh kula pribadi, datang soteh aja maksud, kula arek tatanja, suganna paman tingali, anu ngaran dajeuh nagara Riskomar.

5. Di mana lebah-lebahna, kaula tatjan tingali, arek menta dituduhan kula ku paman Narpati, sakitu nu dipambrih, marga ka dieu ngadjugdjug, ari lembur kaula, ti Tolongtělěngan nagri, ngaran kula Sang Adjěng Ratna Suminar.

6. Ratu di Karangpanjiksan, Děndakalangěnansari, ama kaula Sri Nata, kakasih Sang Mah Saksari, ngabawah parentah djin, nagara bumi ping pitu, ari nu matak kula, nanjakeun Riskomar nagri, hajang těpang reudjeung nu djadi Ratuna.

7. Maksud rek dimupakatan, ku diri kula pribadi, nu leuwih-leuwih pěrluna, nu bakal njusahkeun diri, sakitu nu dipambrih, ku diri kula nu estu, Maha Ratu Riskomar, kaget saleběting galih, ngadangukeun tjarios Ratna Suminar.

8. Teu lami těras ngandika, Sang Dewa Pramajon Adji, ka putri Ratna Suminar, pěrkawis kěrěsa Njai, mriksa Riskomar nagri, nja ieu anu saestu, ngaran nagri Riskomar, Ratuna ama pribadi, anu ngaran Dewa Paramajon tea.

9. Sang Adjeng Ratna Suminar, langkung-langkung bungah galih, wireh ku Sang Sri Narpatya, disebat ieu nu jakin, ngaran Riskomar nagri, manahna Sang Ratu Aju, estu bagdja katjida, turun heula ti wiati, njelang eureun ka djěro ieu nagara.

10. Sanggeus kitu dina manah, Sang Putri ladjĕng ngalahir, ka Ratu nagri Riskomar, sarta bari imut manis, bawaning bungah galih, atuh rebu-rebu nuhun, ari ěnja ieu mah, dajeuh Riskomar nu jakti, putra bingah dipanggihkeun reudjeung paman.

11. Anu didjugdjug ku putra, ti nagari Pusěr-bumi, ajeuna kadar laksana, putra tiasa papanggih, sareng paman nu jakti, kawuwuhan djeung rahaju, taja pantjabajana, leuwih-leuwih bungah ati, rasa bagdja lir raga munggah sawarga.

12. Ngandika Ratu Riskomar, nuhun paman dipigalih, kana marga kabingahan, ku djalanan dipilari, něpi jasa papanggih, tapi ama rada ewuh, ku nu djadi margana, pang Njai ka dieu sumping, sarta tadi njarios bade mupakat.

13. Kawas nu aja masälah, anu ngarumbětkeun galih, anu leuwih-leuwih bangga, ku margi eta pamugi, enggal geura pilahir, supados ama ngamaphum, gampangna djeung banggana, ka pasal nu dipigalih, anu