Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/126

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
124

balaka, něrangkeun lampah pribadi, pang kieu diri aing, jen lantaran ku kadujung, ku Sang Purnama Alam, tinangtu njangka ka aing, anu dengki ka Purnama djeung Kania.

34.  Ah aing moal rek waktja, ka ieu ama Narpati, rek pura-pura teu těrang, aturan mo geseh deui, tina tjarita tadi, ngaku-ngaku boga dulur, nandangan gěring pajah, teu lami piundjuk deui, aeh kutan ama teh keur nandang sěsah.

35.  Leungit mantu sareng putra, estu němbean teh teuing, měndak wartos mung ajeuna, atuh putra ngiring sědih, těgěsna sěsah leuwih, marga nu diburu-buru, Njai Dewi Kania, djuru tumbal anu matih, putra bingung ku marga hanteu kasampak.

36.  Na ka mana atuh losna, sampe leungit tanpa lebih, Purnama djeung Nji Kania, kawas aja anu děngki, bangsa nu murka ati, nu maksud henteu dikabul, hajang henteu kasorang, tungtungna milampah dĕngki, wantu adat djalma djuldjěl kadjailan.

37.  Amung ajeuna kumaha, pimanaheun paman jakti, tina langkung nandang sesah, estu sareng putra sami, nandangan nja prihatin, putra keur bingung ku dulur, paman susah ku anak, tjing haju urang badami, djalan geusan leungit pikir kasamaran.

●●

Asmarandana

1.  Amung putra něda djangdji, naon panadaran paman, lamun geus leungit prihatos, lantaran kapanggih anak, Purnama djeung Kania, kumaha paman rek kaul, atawa ngan wungkul bungah.

2.  Da putra mah arek djangdji, lamun diparĕngkeun sehat, ku Gusti Jang Maha Manon, kasawat kakang Nurdjaman, ka nu njehatkeunana, satungtung lumantung hirup, ngadjaga pantjabajana.

3.  Ratu Pramajon ngalahir, ari mungguh diri ama, mun diparěng kapanggih teh, sartana kasalamětan, Purnama djeung Kania, ama mah sadrah sakudjur, katut karaton Riskomar.

4.  Dibikeun sina dimilik, ka anu manggihanana, eta tjatur moal geseh, asup kana panadaran, sareng tangtu ama mah, njingkir ti ieu kadatun, dajeuh nagari Riskomar.

5.  Ratu Putri imut manis, sarta bari sasuran, kaul lain djore-djore, ngaruksak harkat djeung sarat, těmahna hina raga, kadjurung ku hawa napsu, djadi tjilaka ku suka.