Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

125

6. Tapi rasa putra jakin, kawas moal kadjadian, sabab teu aja sakabeh, anu dimaksad ku putra, ngaran Dewi Kania, ku putra diburu-buru, ajeuna bět teu kasampak.

7. Atuh putra teh pribadi, ka paman moal tiasa, nulung kana baja maot, ku sabab Dewi Kania, suwung bět henteu aja, djadi putra burung nulung, kana kasusahan paman.

8. Lain putra teu hawatir, mungguh ka salira paman, ingětan bolampar bae, da puguh keur sakieuna, kěběk ku kasusahan, mikiran dulur nu udur, kakang Dipati Nurdjaman.

9. Barang Putri keur lumirik, lebah keur njèbut Nurdjaman, tina suku korsina teh, bět aja anu ka luar, rupa bangsa siluman, ngaburingkal ngědjat ngapung, djeung njěbut: bagdjaning raga.

10. Sadaja nu sami linggih, para tumenggung aria, hanteu aja nu teu kaget, jen ningali aja buta, tina korsi kantjana, palěnggahan Sang Ratnaju, putri djin Ratna Suminar.

11. Sadaja hanteu ngalahir, ngan wungkul patingal-tingal, tna bawaning ku kaget, ku aja buta siluman, rupana matak gila, djangkung gěde lintuh imbruh, rupa tjara bangbarongan.

12. Ngan Sang Adjeng Ratu Putri, anu kalintang nandangan, keuheul gěrègěteun hate, kana panatana buta, raos ditjaluntangan, kadjudi diintip laku, teu lami Putri ngandika.

13. Eh kurang adjar si iblis, tjaluntang bět abong setan, boga hate kumawanen, milampah intip-intipan, rek njieun gara-gara, taja tata hanteu patut, abong-abong bebet buta.

14. Lir lain ka pangkat aing, wani lampah kurang adab, ngomong songong sarta nompo, njunglap di korsi kantjana, kaja arek ngadodja, ka djadjaten aing estu, maksud nu wani ngajonan.

15. Kitu saur Ratu Putri, bawaning ku kapusingan, ngaledjeg djeung hanteu pětot, ningali ka awang-awang, Putri Ratna Suminar, sarta teras deui njaur, ka Sang Sri Maha Riskomar.

16. Eh tjobi paman Narpati, manahan masingna ènja, siluman bieu tinangtos, pangna wani kitu lampah, tangtu aja sababna, maksud gawe kana hasud, balukar dina ahirna.

17. Hiri dengki ngarah pati, matak sangar ka nagara, nu matak lampah kitu ge, tatapi ajeuna putra, ka paman rek pamitan, rek njusul si buta palung, sabab tuman mun teu beunang.

18. Rek disiksa sampe mati, diragragan dampal tangan, putra tatjan puas bae, lamun hanteu ngababatang, sanadjan ngědjat anggang, njumput di langit pingpitu, atawa ka dasar lěmah.