Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/128

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
126

19. Mo burung diběrik-běrik, bongan lampah kumawawa, songong ka para narpatos, abong-abong duruwiksa, tatapi ajeuna mah, mohal teu adjur teu lampus, ku ngaran Ratna Suminar.

20. Ratu Pramajon ngalahir, sarta pasemon nu reuwas, dugi salira ngadegdeg, ngandika bari rumenghap, ĕh Njai ulah waka, djěngkar kěrěsa rek njusul, bisi buta kumaonam.

21. Hiri-dengki ngarah pati, ngaruksak ka sadajana, sareng pangna kitu oge, boa-boa eta buta, malar kana diudag, maksud ngabinasa tangtu, ngaruksak di djumantara.

22. Ajeuna mah Njai mugi, mungguh emutan ama mah, sae lenggah-lenggah bae, ulah ageung teuing manah, njusul ka djumantara, bilih buta maksud malsu, gěrnaka lampah ngagoda.

23. Ngarah Njai gantjang njingkir, tina karaton Riskomar, pikirna supaja salse, ngaruksak ka diri ama, sareng eusi nagara, tah eta bokbilih kitu, pimaksudeun eta buta.

24. Ratna Suminar teu lami, ngawangsul ka Sang Riskomar, eh paman tong semang raos, sabot ditilar ku putra, sieun dikaniaja, ku eta si buta palung, ieu putra katur djimat.

25. Ali si Sonasirkursi, leuwih gěde pangaruhna, kasieun siluman onom, lamun maksa ngabinasa, sakur kasebat setan, moal burung lebur adjur, lamun tjutjungah ka paman.

●●

Putjung

1. Hanteu lami Sang Sri Maha Ratu njaur, bari nampi djimat, atuh nuhun laksa-kěten, aja wělas ka ama masihan djimat.

2. Anung ama sumědja aja panuhun, upami ěngkena, buta parantos kenging teh, mugi ulah rek těras ka mana-mana.

3. Mulih deui ka dieu sing buru-buru, ama teh sumědja, barěmpag ka Njai Putren, pikeun djalan kana kabingahan manah.

4. Radja Putri ka Maha Ratu ngawangsul, putra tangtos pisan, jen ka dieu deui mangke, ama teh masing sabar nunggu putra.

5. Reudjeung putra ku ama ajeuna kudu, djeung para dipatya, menta pandu'ana bae, muga-muga salamět teu njorang bahja.

6. Sadajana para bopati tuměnggung, ka Ratna Suminar, sami ngadu'akeun bae, ngadjurungkeun ku doa kawiludjěngan.

7. Hanteu lami Ratu Putri ti kadatun, lungsur kana lěmah, ka