Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/129

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
127

awang-awang ngareret, hanteu lami bělěsat ka djumantara.

8. Larak-lirik paningal teu suwung², kana madhab papat, garang tjantěng tandang djengdjle, ngabar tangan nu kiwa ngadjiwir sindjang.

9. Suat-seot lir kilat bawaning rusuh, Sang Ratna Suminar, reret ka pangawat kaler, lapat-lapat buta teh djauh katjida.

10. Katingalna geus ngambah di mega paul, djauhna dikira,aja dua pos 'mo geseh, Ratu Putri ka buta nu disusulan.

11. Ratu Putri aja di pangawat kidul, lir kilat gantjangna, ngolenjaj ka beulah kaler, tina, langkung gantjangna Ratna Suminar.

12. Enggeus aja di tukangeun nu disusul, buta henteu těrang, jen aja anu njusul teh, djongdjon senang lumampah di awang-awang.

13. Radjaputri ningali teu suwung-suwung, geus tjakět pěrtela, sidik bět buta awewe, buuk gimbal sagěde munding awakna.

14. Tur sihungan sungut natangga ka punduk, mun ngangah lir guha, ditingal ku Sang Pinutren, paromanna kaja rupa bangbarongan.

15. Radja Putri bawaning ku langkung běndu, ka buta teu tata ditewak buukna bae, langkung tarik sarta dibědol ka tukang.

16. Bari njaur eureun heula sia palung, buta duruwiksa, iblis djuru murka hate, hajoh eureun bisi ku aing ditilas.

17. Eta buta ngagerung djeung njěbut aduh, bawaning peureusna, didjenggut ku Sang Putri teh, hanteu obah ngan wungkul sasambat tobat.

18. Bari njebut aduh Gusti abdi ampun, njuhunkeun hampura, abdi parantos mihate, kakirangan panata hurmat tilawat.

19. Darma kirang tata-titi tindak-tanduk, ka lěnggah gamparan, amung abdi laksa-kěten, něda² wělas kérsa ngahampura.

20. Ratu Putri njaur běngis sarta nundjuk, kana beungeut buta, ditompo malar nongtoreng, aing moal kana ngampura ka sia.

21. Bongan sia kumawani gěde napsu, abong-abong buta, wawanen taja paniten, di pajuneun aing djeung para narpatya.

22. Kaduana mungguh sia anu estu, bět moal katjida, teu pisan sia ngadenge, ti sakabeh bebet siluman-sileman.

23. Putri Ratu nagara bumi pingpitu, nu sakti nu gagah, dipigimir dipiseber, ku bopati sawengkon buana alam.

24. Euweuh dua nu unggul elmu paněmu, ngan aing sorangan, Ratna Suminar kaputren, putri Maha Saksari Tolongtělěngan.

25. Naha ari sia bět wani tjuludur, ka aing ngahina, hareupeun para dipaten, aing wirang katangar beunang diunghak.

26. Turug-turug ku sipat nu kieu patut, pangaděg badawang, di dunja ratuning goreng, kurang adab ka ngaran Ratna Suminar.