Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
129

buuk, dikeumbing lalaunan, ngagerung tobat djeung tjeurik, bět djědjerih sulaja tina raraga.

7. Djeung sia ajeuna menta, pangampura ati aing, sabab ěnggeus kitu lampah, tjologog taja paniti, kumawani ka aing, hade aing rek ngama'lum, nimbang ka salah sia, tatapi rek nanja aing, tina sabab kakara panggih ajeuna.

8. Sia buta urang mana, reudjeung ngaran anu pasti, sarta naon pamaksudan, tjitjing dina suku korsi, sia keur waktu tadi, djěro Riskomar kadatun, sarta barang ka luar, njěbutkeun: bagdjaning diri, lumpat seuri kaja manggih marga suka.

9. Tjoba terangkeun ku sia, ulah rek dipinding-pinding, pasal nu djadi sababna, karana leuwih mustahil, diingětkeun ku aing, sia njieun laku kitu, lamun taja sababna, manggih geusan suka ati, pok bedjakeun ka aing sing těrus těrang.

10. Mun sia ajeuna baha, mungkir teu daek pupulih, sia tangtu dipaehan, disiksik disebit-sebit, lamun teu djadi tjai, diri aing 'tong disebut, Adjeng Ratna Suminar, Putri djin puséring bumi, těrah Ratu Saksari Tolongtělengan.

11. Buta langkung suka bungah, dilesotkeun ku Sang Putri, rasa pukah reudjeung bahja, teu lila tuluj babakti, sudjud tanda migusti, kana sampean Ratnaju, sanggeus sudjud teu lila, piundjuk ka Ratu Putri, abdi ngaran Mandrawati nu katělah.

12. Papatih bangsa siluman, ngaran nagari Burbani, dupi nu djadi ratuna, lantjeuk sim abdi pribadi, djěněngan Mindrapati, teu kagungan putra-putu, nu baris di ahirna, njěpěng karaton Burbani, lamun Ratu liren atawana wapat.

13. Kawuwuh aja tjatjandran, ti rěsi gunawisakti, di djaganing pagetona, bakalna nagri Burbani, diratuan geus pasti, ku těrah manusa estu, sanadjan dihalangan, ku sasarat tumbal pudji, moal kenging titis mangsa kudratu'llah.

14. Kitu basana tjatjandran, patok pasti bakal djadi, nja těras harita Radja. Sang Sri Maha Mindrapati, miwarangan ka abdi, kědah njiar anak ratu, těrahing kamanusan, nu ramana geus kawarti, pintěr adil běněr ngagem kusumahna.

15. Wirehing Ratu manahna, samemeh kana ngadjadi, diratuan ku manusa, hojong milih anu titis, těrah ngagěm sadjati, unggul elmu ngandung luhung, da ngarah maunatna, lulus luis njangking puri, sapandjangna waluja nandang kamuljan.

16. Ulah ku turunan murka, ratu teu njangking sadjati, sulaja tina

Purnama Alam 1 - 9