Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/132

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

130

kusumah, bilih balukarna dalim, geus djadina narpati, sangar watěkna tinangtu, rěsak bawahanana, sawengkon nagri Burbani, tjeuk pitutur nudjum sareng udjar adjar.

17. Atuh abdi těras iang, ti dajeuh nagri Burbani, numutkeun dawuhan Radja, sareng dikědahkeun kenging, upami hanteu hasil, kantěnan abdi dihukum, pati atawa buang, dawuhan Maha Narpati, moal nolih kana marga kaduluran.

18. Abdi lintang kabingungan, saindit teh ti Burbani, ngambah dunja kamanusan, pikir risi hanteu kenging, teu lami teras abdi, tina djumantara turun, nudju ka hidji těmpat, desa alas těpiswiring, Silihmani bawah nagara Riskomar.

19. Těras abdi gěntos rupa, njangling djadi nini-nini, raraga kamanusaan, sareng ngalandi pribadi, nělahkeun Nini Tolip, sadongkap ka eta kampung, madjik di hidji randa, geus kolot kalangkung miskin, Ambu Bidal disebut ku urang dinja.

20. Sarta waktja pamaksudan, pang datang ngamen paradji, sugan aja nu rek babar, atawana anu gering, galingging panas-tiris, sanggup nawa masing mulus, sartana dumadakan, loba nu reuneuh nu gěring, atuh těrus ngadukun djeung maradjian.

21. Dumadakan kadjadian, tina matih djampe abdi, nadjan parna kasakitna, sakětjoh teu mindo deui, tjageur sama sakali, kitu deui nu ngadjuru, lamun diparadjian, mungguh ku abdi pribadi, mondok djěmpling ngadjuru teu kara-kara.

22. Lohor babar sore djagdjag, mahinum isukna deui, pageto anakna njiram, atuh abdi lami-lami, djadi sabiwir hidji, dimashurkeun dukun lépus, adjar guna wisesa, paradji adjining leuwih, Ambu Bidal badalna ka pilemburan.

23. Ambu Bidal djadi beunghar, boga harta boga harti, lega tanah gěde imah, atuh leuwih mahmah-mihmih, ku rědjěki nu ngirim, teu lami gujur kamashur, ka djro kota Riskomar, kabisaan Nini Tolip, kamatihan ngadukun djeung maradjian.

24. Hanteu lami kadongkapan, gulang-gulang ti nagari, ngadjugdjug ka abdi pisan, ngěmban dawuhan Sang Adji, Ratu Riskomar nagri, jen abdi disaur rusuh, teu kenging pěrmuhunan, harita emutan risi, pangna njaur nangkep tina pasal eta.

25. Ti dinja abdi teh těras, diiringkeun ka nagari, ku gulang-gulang utusan, enggalna abdi teu lami, geus dongkap ka nagari, dideuheuskeun ka kadatun, njondong Radja keur lenggah, sarengan Parameswari, Ratu njaur ka abdi ngahiap-hiap.