Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

131

26. Estu salah ti panjangka, emutan abdi teh tadi, tangtos pasal geusan susah, disaur ku Sang Narpati, sihoreng Prameswari, waktu harita teh nudju, bobot geus tudjuh bulan, ku abdi kědah didjagi, dongkap kana maradjian waktu babar.

27. Atuh abdi teh nja těras, ngadjagi Parameswari, sarta dongkap kana mangsa, rek kabar Parameswari, paradjina nja abdi, sareng kenek djuru bantu, wasta pun Bidal tea, taja deui nu ngadjagi, dina djěro kamar gědong pangbabaran.

28. Sarta ku abdi katingal, ku panorah dina ati, bakal putrana teh dua, abdi langkung suka ati, barang něpi kadjangdji, borosot ngowona mulus, putra nu pangheulana, ku abdi dibantun gasik, dilěbětkeun kana tjupu djimat kodja.

29. Ku pun Bidal teu katingal, abdi maling murangkalih, malah sangkana teu kembar, sahidji njata nu kari, anu kataringali, putrana paměgět mulus, kitu deui Meswara, margi didjampe ku abdi, harita ge waras taja urut babar.

30. Eta putra anu tinggal, dipaparinan kakasih, Pangeran Purnama Alam, ambu Bidal nu ngadjagi, ari abdi teu lami, maksa amit ka Sang Ratu, hanteu kenging ditjaram, teu sieun nadahan pusing, těras wangsul ti karatoning Riskomar.

31. Dongkap ka luar paměngkang, bongoh taja nu ningali, abdi ngědjat kana mega, pangadeg Bu Tolip leungit, diutjul di wiati, abdi těras bae wangsul, di djalan hanteu lilà, dongkap ka nagri Burbani, njondong Ratu Mindrapati nudju lenggah.

32. Kalintang Ratu bingahna, tina margi dongkap abdi, sumawonna barang ningal, Sang Ratu ka murangkalih, bingah kawanti-wanti, geus kagungan putra pulung, paměgět kamanusan, makbul sakahajang tadi, ladjěng bae měnjanji awong-awongan.

33. Sang Putra waktu harita, geus djadi puputon Gusti, lankung-lankung dipiwělas, malah geus didjaring-djaring, ku prababu di puri, dirurubung ku pangagung, ari njěsěpanana, madu sělang susu sapi, wiludjengna mulus dugi ka ageungna.

34. Tapi teu didjěněnganan, ku margi ku Sang Narpati, teu atjan pisan kamanah, nu sae baris kakasih, nu pantěs trah narpati, titisan manusa estu, ari rek ditibanan, ku ngaran bangsa rasěksi, tangtu bae sulaja tina ragana.

35. Ari arek didjěněngan, Sang Putra ku Sang Narpati, ku ngaran galib manusa, da puguh tatjan tingali, sarta tatjan kagalih, ngaran manusa nu alus, tungtungna kaewědan, dumugi hanteu dilandi, Sang