Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

132

Pinutra ku kersa Maha Narpatya.

36. Nja dumugi kana juswa, dua belas tahun leuwih, masih tatjan dingaranan, lami-lami Sang Narpati, miwarangan ka abdi, lunta njiar masing nimu, ngaran kamanusaan, patut di anak Narpati, mun teu měndak pasti nadah kasukĕran.

●●

Pangkur

1. Hanteu lami abdi těras, lunta deui ti nagara Burbani, sorangan teu mawa batur, ngadjadjah sabuana, nagri-nagri manusa anu didjugdjug, sapuluh tahun lamina, ngiděr wěngkon kolong langit.

2. Amung hanteu pisan měndak, pingaraneun alus sarta utami, nu pantěs di anak Ratu, tungtungna abdi těras, ngambah-ngambah dina mega hanteu turun, bawaning ku kasěsahan, njiar ngaran hanteu manggih.

3. Barang abdi keur ngalajang, madju ngulon dina těngah wiati, udjug-udjug leng teu emut, teu aja raraosan, baju budi duka kumaha nja laku, barang geus aja emutan, aja dina těmpat rěsi.

4. Pasantren kamanusaan, djeung dirogrog ku ratus² santri, wantu di buruan tadjug, samalah panditana, ningalikeun teu pětot bari gumuju, abdi kantun lolongseran, rek hudang teu bisa indit.

5. Teu lami eta pandita, kawas-kawas wělas ka diri abdi, kana beungeut abdi niup, dupi saparantosna, bisa oge indit diuk sareng nangtung, abdi rumaos kalintang, kana pitulungna rěsi.

6. Těras ku abdi dihormat, ku babakti sudjud ka dampal rěsi, tekad sumědja rek tumut, Sang Rěsi nampi pisan, kana tekad sumadrah abdi sakitu, teu lami Rěsi ngandika, dibarung pasemon manis.

7. Mariksakeun rumah-tangga, djeung mariksa pang ragrag ti wiati, ku abdi těrus diwangsul, pamariksa pandita, diundjukkeun asal-usul nagri matuh, sareng nu keur dilakonan, ngilari baris lalandi.

8. Kitu deui abdi těras, malik naros ka eta Sang Mahrěsi, marga hajang terang estu, pasantren naon eta, hanteu lami ku Sang Rěsi dipisaur, kaula Muhamad Kurbah, guru ngadji santri-santri.

9. Ari ieu pasantrenna, Gurangsarak ngaranna anu jakin, kitu saurna Sang Wiku, teu lami abdi těras, sudjud deui njuhunkeun pitulung Wiku, mugi aja sih wělasna, maparin baris kakasih.

10. Wiku gumudjeng ngandika, pokna hěnteu bisa ngarang lalandi, nu pantes di anak ratu, da puguh kaula mah, ti sagelar ngalantung di alam hajun, wungkul tjitjing di padesan, teu njaho tata nagari.