Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
133

11. Tapi kula hade pisan, arek nulung sakumaha paměrdih, menta ngaran anu patut, tapi ukur nuduhan, geuwat bae djugdjug ka gunung Binarum, aja dewi kamanusan, djěněngan Dewi Pramanik.

12. Eta geus tinangtu bisa, mere ngaran pikeur putra Narpati, tatapi andika kudu, salin heula agama, kaom Nabi supaja bisa patěpung, djeung Dewi Pramanik tea, supaja kersaeun panggih.

13. Kitu saurna Pandita, tina abdi bawaning kêkěl ati, tekad sanggup ka Sang Wiku, kana salin agama, hanteu lami abdi teh těras dibantun, kana empang tempat siram, dirubung ku santri-santri.

14. Dimandian dikosokan, diruruan ku batu djeung ku keusik, ku daun eurih ku lêbu, dupi saparantosna, těras abdi diasupkeun kana tadjug, sartana těras disumpah, bisi tjidra djero ati.

15. Saparantos disumpahan, diwurukan matja kalimah kalih, djeung sagala rukun-rukun, sarta djaba ti eta, nja teu wudu giung ku lila rek timu, abdi kenging tilu bulan, lamina di Maha Rěsi.

16. Ti dinja abdi undjukan, enja eta rek ka Dewi Pramanik, ngidinan Sang Maha Wiku, sartana ngawurukan, kidul-kulon pernahna gunung Binarum, ti pasantren Gurangsarak, tjirina bandera putih.

17. Sarta masigit kantjana, enja eta těmpat Dewi Pramanik, kitu saur Maha Wiku, enggalna abdi těras, mios bae djalan sakumaha alur, tilu djam abdi lamina, geus ningal bandera putih.

18. Ti dinja abdi ka handap, liren dina luareun pagěr beusi, dina lawang beulah kidul, katingal di djèrona, langkung-langkung rasmi estu matak lutju, abdí němbean měndakan, patěmpatan kitu rupi.

19. Barang abdi keur ningalan, aja anu bidjil ti eta masdjid, istri kamanusan estu, sareng langkung geulisna, sangka ati Dewi Pramanik tinangtu, barang ret andjeunna ningal, neuteup semu kaget galih.

20. Sarta abdi geuwat-geuwat, hurmat děku tawis běrěsih ati, maksad sumudjud satuhu, Sang Dewi geus ngamanah, sarta těras njakětan barina njaur, andika buta ti mana, datang ka kula pribadi.

21. Ku abdi seug diwangsulan, diundjukkeun jen Patih ti Burbani, sarta anu dipimaksud, pang dongkap ka andjeunna, něda ngaran baris putra Maha Ratu, sarta aja paidinna, ti kersa Sang Maha Rěsi.

22. Dewi Pramanik ngandika, bari imut saurna bibi Patih, eta pasal matak bingung, kula lain teu wělas, ngan kula teh waktu ieu hanteu maphum, ngaran nu pantěs di menak, sabab kula urang sisi.

23. Ngan kula arek nuduhan, bibi kudu ajeuna gasik-gasik, karaton Riskomar djugdjug, ulah rek salah-salah, sanggeus datang ka dinja bibi teh kudu, dina suku korsi emas, baris pitjitjingeun bibi.