Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
134

24. Sarta mangke tangtu aja, putri tamu di dinja baris tjalik, ngarang ngaran anu patut, pikeun anak narpatya, ku bibi teh pulungan da tangtu alus, los ajeuna geuwat-geuwat, didungakeun masing hasil.

25. Hanteu lami abdi těras, pamit mundjung ka Sang Dewi Pramanik, mios ti gunung Binarum, nja dongkap ka Riskomar, sareng těras kana suku korsi asup, sabulan kintěn lamina, gurudug gamparan sumping.

26. Sasaur-saur gamparan, langkung-langkung abdi awas nja nguping, margi hanteu pisan djauh, dugi gamparan mangsa, njarioskeun raka kasawat ngabisu, nu djěněngan Sang Nurdjaman, abdi langkung suka ati.

27. Margi katjipta ku rasa, sěděng pisan putra Ratu Burbani, ditibanan ngaran kitu, Sang Pangeran Nurdjaman, tah nu matak abdi teh tadi tjuludur, margi ku bawaning bingah, daradjat měndak lalandi.

28. Marga eta ajeuna mah, sakalian menggah maksad sim abdi, ka lenggah gamparan estu, eta djěněngan tea, disuhunkeun bade putra Maha Ratu, kalajan něda lědjarna, piwělas ka diri abdi.

29. Sang Adjeng Ratna Suminar, ngadangukeun piundjuk Mandrawati, kaget salěběting kalbu, margi ku henteu njana, Mandrawati kana balukarna kitu, aneh lalampahanana, ti asal njipta paradji.

30. Něpi kana didjambakna, dina mega ku Sang Ratnaju Putri, dipiundjuk teu kaliru, satapak sapaměndak, Ratu Putri njaur salěběting kalbu, aing daradjat katjida, hasil maksud geus pinasti.

31. Pang lunta aing ti guha, rek neangan ngaran Dewi Pramanik, těrbuka tina tapakur, sarta tjeuk Gěndarata, anu kudu nganteur ka gunung Binarum, bangsa awewe nu meunang, djarah ka Dewi Pramanik.

32. Ajeuna aing manggihan, anu njaho těmpat Dewi Pramanik, nadjan buta patut kitu, da awewe sipatna, tangtu bisa nganteur ka gunung Binarum, ku aing arek dibawa, teu daek dihukum pati.

33. Teu lami Ratna Suminar, pok ngalahir ka buta Mandrawati, sarta galih rada pěruh, malah bibi njěbatna, kula kaget ku laku bibi sakitu, tina katěměnanana, ka anu djadi narpati.

34. Mun kula djadi ratuna, dipatihan ku nu těměn sabibi, daek-daek kula turun, ti pangkat kanarpatyan, diselehkeun ka bibi sina ngaratu, tina djěmbar panarima, tjěpět tigin nja migusti.

35. Ngan bibi aja tjatjadna, čnja eta ku goreng teuing ati, bět abong hajang kapanduk, ku nu djadi narpatya, dibelaan ngabokong gawe rěrěbut, lir lain pangkat aria, leungit tataning papatih.

36. Tapi ajeuna mah tiwas, ku kula teh ditangkep sabab maling, anak Sang Pramajon Ratu, kadua eta ngaran, waktu ieu pikir kula tatjan purun, rek mikeun ka bibi Mandra, kula masih samar ati.