Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/137

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asmarandana

1. Mandrawati barang nguping, lahiran Ratna Suminar, rek nangkép ku sabab njolong, putra Pramajon Riskomar, kadua pěrkarana, henteu aja galih purun, masihkeun eta djěněngan.

2. Mandarawati susah ati, pikirna kuma pětana, tangtu meunang tiwas gěde, hukuman Ratna Suminar, teu lila seug undjukan, mělas-mělis něda mulus, ka kērsa Ratna Suminar.

3. Duh gamparan Ratu Putri, abdi lintang teu ngartosna, dugi poek djero hate, gamparan aja piwělas, ka abdi anu maas, tur abdi tadi piundjuk, seseepan ka gamparan.

4. Sumědja njadrahkeun diri, maksad sumudjud bumela, lahir batin moal serong, saksi sumpah taruh bahja, bok bilih abdi tjidra, margina anu diemut, supados gamparan wělas.

5. Ahir piundjuk mubadir, sumpah teu aja pedahna, teu matak nganděgkeun paeh, abong kadar bagdja raga, jen bakal njorang bahja, teu kenging diampun-ampun, njuhunkeun kawiludjěngan.

6. Ajeuna mah pikir abdi, mung hatur sadaja-daja, marga ngemutkeun papasten, nja kumaha pangěrěsa, Ratna Putri ngandika, bibi lir lain pangagung, pangkat kawasa nagara.

7. Burět ati sisip budi, ngadadar pěrkara kadar, lemek njered ka papasten, hanteu njonto ka sakitan, měgatan kapastian, aja basa apel ampun, saratna malar teu beurat.

8. Ari bibi kantun djěbi, teu bisa tjatur aturan, bět djadi pokrol ku ngartos, ana dipikir ku kula, hěnteu meudjeuhna pisan, djadi patih djagdjag wungkul, nalaktak ngan kurang otak.

9. Wungkul ngileng kana maling, biněkas kana ngarampas, njolongtjong kana tjotjolong, lain tataning aria, tatapi ari tekad hajang meunang ngaran alus, nu salamě wirasatna.

10. Marukan ngaran teh gampil, beunang rek ku lalawora, kawas rek ngaranan sato, taja itung palintangan, katurug-turuganna, ngaran pikeun anak Ratu, lain bangsa samanea.

11. Naha bibi tatjan manggih, bedja pěrtataning Arab, upama rek ngalandi teh, hanteu meunang lalawora, da narah maunatna, salamět saumur-umur, tur mulja di alam dunja.

12. Kudu menta ka nu sidik, paningal kana wirasat, njaho nu hade