Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

139

beunang ngawawangen, njondongkeun Ratna Aju, djeung ngadupa di tĕngah bumi, minangka keur gahormat, babakti ka tamu, wantu-wantu Wiku Kurbah, geus uninga kana karĕsĕp putri djin, sok ahli seuseungitan.

10. Kitu deui sadaja prasantri, ĕnggeus nampi ti Sang Wiku Kurbah, embaran jen mere njaho, bakal aja tatamu, Ratu Putri pusĕring bumi, atuh santri sadaja, hibut urus-urus, njeka njapu palataran, djeung sambian hajang njaho di putri djin, djiga naon rupana.

11. Katjaturkeun Patih Mandrawati, ĕnggeus tĕpang dina djumantara, sarĕng Sang Ratu Pinutren, Ratna Suminar imut, bari njaur ka Mandrawati, aeh bibi kumaha, kasauran Wiku, ka kula aja idinna, Mandrawati ngawangsul ka Ratu Putri, abdi nampi dawuhan.

12. Ti Sang Wiku gamparan pamugi, enggal lĕnggah ajeuna sumangga ku Wiku diantos-antos, teu lami Ratu Aju, ladjĕng bae tina wiati, lungsur ka Gurangsarak, Mandra nu ti pungkur, ngiring ka Ratna Suminar, hanteu lami ka buruan bumi sumping, ngadëg bari rumenghap.

13. Rurut-reret sarta imut manis, tandang gandang taja kasalĕmpang, adat tabah ti bareto, Maha Wiku katjatur, barang ningal ka Ratu Putri, seug muru ti bumina, garwana teu kantun, tanda bingah katamuan, sarta teras ngalinggihkeun ka Sang Putri, Wiku Muhamad Kurbah.

14. Ratu Putri tras lĕbĕt ka bumi, sarta lĕnggah majun ka Sang Kurbah, garwa Sang Wiku ti gedeng, sarta teu suwung-suwung, tjumalimba bae Nji Rĕsi, tina raos kagugat, ningal Ratu Aju, wuwuh tĕtĕs kaemutan, ĕnja eta ka Putri Dewi Pramanik, wantu rada sarimbag.

15. Ampir-ampir midangdam djeung nangis, ngan hadena pageuh pamĕngkĕkna, ngan kantun njangkrungna bae, Hamiah mah geus puguh, keur dadasar epes ti tadi, atuh teu bisa nahan, sĕsĕgruk di dapur, nja kitu deui Sĕmbada, tjeurik djĕbeng bidjil leho kana kumis, bari njieun panggangan.

16. Katjaturkeun sanggeusna tarapti, tuang leueut riungan bardjam'ah, tatamu djeung nu katamon, těras Sang Maha Wiku, alon naros ka Ratu Putri, pun paman sakalintang, kagunturan sukur, dugi ilang kasukĕran, taja tanding nandangan kabingah ati, dina waktos ajeuna.

17. Tina margi Sang Putri miasih, rurumpaheun bĕt kĕrĕsa lĕnggah, ka tĕmpat nu maas awon, padesan kampung dusun, mung Sang Putri mugi sih galih, piwĕlas pangaksama, ka pun paman estu, tina margi teu tiasa, katur hurmat babakti ku nu utami, margi sagala taja.

18. Ratu Putri nguping saur Rĕsi, imut manis bari ngawangsulan, sarta rada adab oge, paman tong aja saur, risi putra ngandung nja ati, gaduh kateu-raosan, margi kirang suguh, sakieu ge lintang-lintang, kanuhunan aja pangangkĕn pangasih, paman ka diri putra.