Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/142

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
140

19. Kitu deui putra nu sajakti, sanes pisan dongkap pangalapan, kana susuguh nu sae, amung bawaning langkung, siang-wĕngi teu aya deui, amung maksad patĕpang, sarĕng paman Wiku, ajeuna kadar laksana, ditĕpangkeun putra bingah taja tanding, dina wangkid ajeuna.

20. Wiku Kurbah seug ngalahir deui, rebu-laksa kanuhunan paman, dianggo kabingah raos, tina awit dikabul, ku mungguhing Jang Maha Sutji, Sang Putri jasa tĕpang, sarĕng paman estu, mung pun paman sakalintang, kaewuhan dina sadjĕroning ati wireh némbe patĕpang.

21. Margi eta mugi, lĕdjar galih, maparinan warti ka pun paman, supados djadi kahartos, margi Sang Putri estu, rurumpaheun kĕrĕsa linggih, ka tĕmpat pamaasan, tangtos aja kalbu, nu langkung-langung pĕrluna, marga eta sumangga wartikeun mugi, supados paman tĕrang.

22. Sapalihna paman nu sajakti, hĕnteu atjan tĕrang palĕnggahan, mĕnggah nagri Sang Putri teh, mugi-mugi pisaur, Ratu Putri barang geus nampi, sugrining panarosan, ti Sang Maha Wiku, djalingĕr djeung ngawalĕran, putra nuhun sarĕng lintang bingah ati, nampi pamariksaan.

23. Bilih paman teu atjan tingali, dupi putra wasta nu katĕlah, Ratna Suminar sajaktos, sarĕng rama nu estu, Ratu nagri pusĕring bumi, dajeuh Tolongtĕlĕngan, kadjinan saestu, kalajan putra margina, nĕpangan teh kakĕrĕsa paman Rĕsi, jaktosna gaduh maksad.

24. Wireh putra ku Djĕng Rama Gusti, geus didamĕl kawasa nagara, Dipati Anom pinutren, di guha Bungbungiimur, lami-lami putra teh kenging, tjotjobi kasĕsahan, anu langkung-langkung, nagiwurkeun kana rasa, dupi awit nu djadi kasĕsah ati, ku putra rek dipĕdar.

25. Putra ngimpi dina hidji wêngi, tĕpang sarêng istri kamanusan, langkung tina geulisna teh, ka putra aja saur, saurna teh anu kaharti, jieu kula manusa, ti gunung Binarum, bandjarkarang patapaan, ngaran kula nu mashur Dewi Pramanik, pang datang ka andika.

26. Tina sabab andika geus djadi, pangkat agung di Tolongtéléngan, nja eta Dipati Anom, tapi kula kalangkung, nandang wĕlas djĕroning ati, ka salira andika, hanteu lipur-lipur, ku sabab andika bakal, kataradjang njorang susah leuwih-leuwih, nu taja papadana.

27. Sabab ieu nagri teh pinasti, awal-ahir kadatangan sangar, runtag saeusina kabeh, moal aja nu kantun, sabawahan ieu nagari, tapi aja tumbalna, malar hênteu tulus, njorang kana eta sangar, tapi moal ku kaula dipiwarti, ka salira andika.

28. Tah sakitu dina lĕbĕt impi, hĕnteu kĕbat njarioskeun tumbal, eta Dewi Pramanik teh, kabudjêng putra emut, amung putra sabada ngimpi, pikiran ngalanglajang, bawaning ku bingung, ngingĕtkeun eta impian.