Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

141

moal gagal aja balukar di ahir, kana geusaning sangar.

29. Atuh putra téras bae indit, ti karaton hênteu mawa rentjang, mung diri putra pribados, nja éta bade njusul, anu tépung di djéro impi, Dewi Pramanik tea, di gunung Binarum, margi ku pnjipta putra, pasti aja djénéngan Dewi Pramanik, di dunja kamanusan,

30. Dumadakan putra teh papanggih, dina mega saréng bibi Mandra, ku putra téras ditaros, sugan nyaho Binarum, patémpatan Dewi Pramanik, sanggémna bibi Mandra, térang di Binarum, mung kédah ngadeuheus heula, néda idin ka pangérésa Maha Rési, pasantren Gurangsarak.

31. Lamun bade ka Dewi Pramanik, eta kitu sanggém bibi Mandra, nu mawi diri putra teh, ka kérsa paman tjunduk, bade néda piwélas galih, kana kérsa ngidinan, tina putra langkung, hajang enggal-enggal tépang, bade nyusul pawarti nu dina impi, tumbal panjarang sangar.

32. Rési Kurbah mesém djroning galih, ngadangukeun saur Sang Suminar, tina parantos kahartos, Putri wungkul wawadul, tjariosna beda djeung bukti, tapi ménggah Pandita, taja pisan maksud, ka Putri rek ngawiwirang, ngawangsulna kalawan djeung budi lantip, teu djiga geus uninga.

33. Saur Rési aeh Agan Putri, ménggah aja manah palaj tépang saréng pun anak nu awon, pun paman hatur nuhun, faja pisan nu djadi runtik, halangan djeung harungan, wungkul paman nuhun, muga kêrsa sing laksana, dienggalkeun têpang ku Nu Mahasutji, pun paman sambung doa.

34. Amung aja pihatur saeutik, lamun Putri palaj enggal tépang, saréng pun anak nu bodo, kédah heula saelmu, tégésna teh tunggal agami, margi pun anak tea, sok rada murugul, mun teu panduk djeung hatena, tampolana népangan ge sok sukingki, tara gantjang némonan.

35. Saur Putri aduh Maha Rési, mun kitu mah putra langkung bingah, nuhun laksa ewon-kéten, mung ajeuna panuhun, rama ulah kapalang asih, putra sédja sumérah, nja diri sakudjur, něda dibérsihan awak, dilébétkeun kana agami sadjati, sérah badan djeung nyawa.

36. Enggalna mah ladjéng bae Putri, ditibanan kalimah sahadat, ku Sang Mahawiku kahot, harita énggeus asup, ka agama Islam sadjati, djeung téras diwurukan, sarat saréng rukun, halal haram sadajana, pikukuhna agama sunat djeung wadjib, mubah saheh djeung batal.

37. Sanggeus tutug diadjar agami, téras deui Putri diwurukan, elmu lahir kadjadjaten, saréng sagala elmu, anggon-anggon manusa sidik, djadi ku sabab eta, Putri beuki wuwuh, leuwih sakti ti baheula, samemehna nampi piwuruk agami, Putri beuki sampurna.

38. Katjaturkeun tjalikna Sang Putri, di patapan kenging tilu bulan,