Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/144

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

142

sagala elmu geus maher, piwuruk Maha Wiku, djeung dewi rasiah Pramanik, reudjeung Purnama Alam, kabeh geus kakandung, Putri tambah gégétunna, hajang geura buru-buru bela pati, ngadjait Sang Purnama.

39. Sanggeus kitu tjatur hidji wéngi, Radja Putri undjukan ka rama, njuhunkeun widi rek mios, něpangan Sang Sri Arum, énya eta Dewi Pramanik, tina geus lami pisan, palaj geura těpung, turug-turug énggeus lawas, nja nilarkeun nagara di dasar bumi, kasmaran nu nonoman.


Asmarandana 1. Wiku Kurbah seug ngalahir, ménggah Sang Putri ajeuna, bade njatjapkeun kahojong, djuméngkar bade népangan, Dewi Pramanik tea, patapan gunung Binarum, sumangga taja pambéngan.

2. Amung aja sapérkawis, pun paman bade ngelingan, Sang Putri pamugi bae, ka Dewi Pramanik tea, ulah tjara ka paman, murudul saur nu palsu, dina némbean patépang.

3. Upami Dewi Pramanik, mariksa raratanana, pang njisul palaj paamprok, ku Sang Putri kédah pisan, saurkeun saénjana, ulah disumput-salindung, tina satapak paméndak.

4. Ku margi Dewi Pramanik, nja rada oge waspada, ka nu bénér ka nu bohong, nu mawi Sang Putri muga, lamun parantos, tépang, sing térang salaku-laku, kaajaan dina guha.

5. Mun palsu Sang Putri pasti, meunang bébéndon wiwirang, ti Nji Dewi Pramanik teh, Sang Adjéng Ratna Suminar, langkung-langkung isinna, nampi piwuruk Sang Wiku, rumaos dosa kabétak.

6. Tapi lami-lami Putri, ngeureujeuh seug ngawangsulan, amung rada gegog alon, pérkawis piwédjang paman, ménggah ku diri putra, katampi miwah kasuhun, sédja diemutkeun pisan.

7. Saréng putra laksa-kéti, ménggah hatur kanuhunan, geus diwuruk elmu aheng, geusaning kawiludjéngan, amung maksad kang putra, mios ka gunung Binarum, sumédja dintén ayeuna.

8. Bibi Patih Mandrawati, nu bade nganteur ka putra, marga manehna nu njaho, dina pagunungan eta, Sang Pandita ngandika, ka kérésa Ratu Aju, ajeuna oge sumangga.

9. Gantjangna anu digurit teu lami Ratna Suminar, ka Wiku ladjéng babaktos, sudjud ka sampeanana, ari saparantosna, mundjung ka garwa Sang Wiku, sarta bari tjumalimba.