Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

143

10.Djeung ka kabeh santri-santri, Ratna Aju sasalaman, těras lungsur ti patamon, santri istri sadajana, ka Ratu Putri djadjap, dongkap ka buruan pajun, teu lami Ratna Suminar.

11.Kana pangawasa eling, bělěsat ka djumantara, gantjang kaja kilat bae, Mandrawati hanteu tinggal, ngiring Ratna Suminar, ngawingking ngapung ti pungkur, anggangna kira satumbak.

12.Geus aja dina wiati, titih nintjak mega bodas, pěrdjalanan ngidih ngulon, pěrnahna ti Gurangsarak, tunda Ratna Suminar, nu aja di mega paul, sarěng Njai Patih Mandra.

13.Katjatur Dewi Pramanik nu aja di patapaan, bandjaran karang kasiten, gunung Binarum Kania, diitung kira-kira, lamina aja satahun, Dewi Pramanik di dinja.

14.Damělna teu aja deui, tapa mudji njeuseuh raga, něda dikabul kahojong, ku Gusti Jang Maha Sukma, anu murba wisesa, kitu pamantěngna kalbu, saměnit teu pisan kěndat.

15.Bawaning ku tina tigin, antek něda ka Jang Sukma, sarta nunda tuang ngarot, dikabul sapantdana, geus pangkat kadewian, kasinungan elmu luhung, nemahan pangkat kusumah.

16.Sabudi-budi ngadjadi, satjipta-tjiptana njata, sakahojong tara gapong, wantu geus asak tapana, geus djadi kasirnaan, lěnggah di gunung Binarum, nitis wahju kadjatian.

17.Palataran tambah rasmi, da katarik ku maunat, sumembor kana kahojong, djadi kamuljaanana, sugrining bubuahan, saeusi gunung Binarum, buahan taja usumna.

18.Sěmu sami ngiring mudji, buah-buah sadajana, harajang dianggo bobor, ku Sang Dewi nu keur nandang, tatapa napakuran, njukuran rarambu kalbu, ku lading djatining manah.

19.Harita Dewi Pramanik, nudju sabada boboran, nuangan sěkar wawangen, ngalantung di palataran, di waktu pukul dua, iuhna ku nu tumuwuh, sugri tangkal buah-buah.

20.Ngaděg di buruan masdjid, wireh aja dadanguan, soara langkung nongtoreng, dirungukeun bět pěrtela, sawara masdjid tea, pokna eh Pramanik ěnung, ajeuna masing iatna.

21.Bakal aya tamu sumping, ti nagri Tolongtělěngan, Ratna Suminar kaputren, maksudna arek něpungan, ka Njai teh ajeuna, sarta kudu pisan aku, sabab idin ti Sang Kurbah.

22.Barang Sang Dewi Pramanik, ngadani eta soara, langkung-langkung manah kaget, tina bade katamuan, ku nu tatjan uninga, djeung těras deui ngalantung, sambian ngantosan semah.