Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kinanti

1. Ratna Suminar katjatur, sarĕng Patih Mandrawati, ngalajang di awang-awang, ngarandèg dina wiati, marga aja nu katingal, ku Sang Adjĕng Ratna Putri.

2. Lapat-lapat puntjak gunung, sidik aja taman sari, djeung gumĕbjar tjahajana, tingburinjaj tingkarĕtip, tur aja bandera bodas, di tĕngah bandjaransari.

3. Ratna Suminar seug njaur, ka Nji Patih Mandrawati, bibi tĕmpat naon eta, mana leuwih teuing rasmi, kaja karang kalangĕnan, tĕmpat pĕlĕsir narpati.

4. Mandrawati seug ngawangsul, bilih teu atjan tingali, ĕnja eta nu kasĕbat, patapan Dewi Pramanik, masdjid Binarum Kania, nu ĕjahjana tingkarĕtip.

5. Gamparan sumangga atuh, di dieu tong lami-lami, enggal ngabudjĕng ka dinja, Ratna Suminar ngalahir, ah kula mah moal waka, turun norodjol teu pamit.

6. Kula di dieu rek tunggu, bibi anu kudu gasik, ngadeuheus undjuk uninga, ka kĕrsa Dewi Pramanik, undjukan aja kaula, djin ti nagri pusĕr bumi.

7. Bade katur sĕmbah sudjud, ka kĕrsa pangkonan Dewi, pek ajeuna geuwat-geuwat, ‘Mandrawati hanteu lami, saĕnggeus nampi timbalan, tĕrus turun ti wiati.

8. Ngadjugdjug ka lawang kidul, Njai Patih Mandrawati, tapi hĕnteu asup kĕbat, dina lawang bae tjitjing, dĕku tĕdak kahormatan, djeung dehem malar kakuping.

9. Gantjangna anu ditjatur, harita Dewi Pramanik, di beulah kaler lĕnggahna, ngadangu nu dehem tarik, sada-sada batuk kuda, teu larni Dewi Pramanik.

10. Seug angkat ka lawang kidul, barang ditingali sidik, buta Mandrawati tea, nu basa nĕda lalandih, imut Pramanik ngandika, eh haturan bibi Patih.

11. Kumaha ngaran teh nimu, tjoba putra něda warti, Mandrawati ngawangsulan raja hibaring Sang Dewi, kenging miwah salamĕtna, nu mawi dumeuheus deui.

12. Nja eta badè miundjuk, wirehing parantos kenging, anu katjatĕt