Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/147

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

145

Nurdjaman, tina lamběj Sang Putri djin, keur matamon di Riskomar, putri Ratu Pusěr-bumi.

13. Malah ajeuna di luhur, sasarěngan sarêng bibi, wirehing aja kěrsana, bade něpangan Sang Dewi, lěnggahna di djumantara, margi ngantosan paidin.

14. Sang Dewi Pramanik njaur, coba atuh sina linggih ku putra teh diantosan, Mandrawati hěnteu lami, bělěsat ka djumantara, ngěmban dawuhan Sang Dewi.

15. Ari Sang Pramanik těrus, lěbět ka jěro masigit, tina bade katamuan, něda sih Gusti yang Widi, tina sagala teu aja, baris ngahormat nu sumping.

16. Teu Jami Putri ngadangu, soara tan katingali, montong djadi kasusahan, baris ngabormat putri djin, dumeh sagala teu aja, ajeuna ku Njai gasik.

17. Eta djimat putra Sunu, Nurasdjati bae pěrih, kěbutkeun bari pentaan, naon sakahajang Njai, nu pantěs pikeun ngahormat, tangtu bae bisa djadi.

18. Dewi Pramanik ngadangu, piwurukna sora tadi, Nurasdjati seug diudar, dikěbutkeun dipěrědih, bari disěbat ngaranna, eh djimat Nurasadjati.

19. Coba kami menta tulung, reh rek nampi tamu putri, semah ti dasaring lěmah, menta suguh sing utami, ulah aja kakurangan, tuangeun jeung parabot calik.

20. Kulambu jeung těmpat tidur, eukeur kulěmna Sang Putri, sing cukup kuma biasa, pangangkěn ka tamu istri, harita dadak sakala, keur pangangkěn geus sajagi.

21. Nji Mandrawati katjatur, geus těpang jeung Ratu Putri, dina kalang mega bodas, Ratna Suminar teu lami, ka Patih buta mariksa, coba kula menta warti.

22. Kumaha geus aja saur, eta Sang Dewi Pramanik, Mandrawati ngawangsulan, ka Sang Ratna Aju Putri, gamparan sumangga lěnggah, saurna Dewi Pramanik.

23. Ratna Suminar kalangkung, ngaraos bingah nja galih, hanteu aja papadana, dumugi raosing Putri, ngalang dipanggan, ngalindjing di alam lahir.

24. Němbe měndak bingah kitu, lir catur ni'mat sawargi, ku asal nampi panjambat, angkiran Dewi Pramanik, bawaning ku lintang bingah, teu kěndat gumuju manis.