Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/148

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Dangdanggula

1 Hanteu lami Sang Ratu Putri djin, ladjêng lungsur tina djumantara, ngalajang sému njolojong, Mandrawati ti pungkur, ka Binarum harita sumping, ngadég dina lawangna, sabeulah ti kidul, Mandrawati hanteu tinggal, Adjeng Ratna Suminar geus nandang isin, karek ku ningal témpat.

2. Memeh tépang geus katur babakti, kahormatan děku dina lawang, tumungkul Sang Adjéng Putren, Mandrawati ti pungkur, ngiring hormat déku lir Putri, tumungkul kana lémah, mudugdug ngadungkuk, jeung teu pétot babatukan, minangkana katur bakti salam ta'dim, ka nu lénggah di dinja.

3. Kacaturkeun Sang Dewi Pramanik, geus ngadangu ka nu babatukan, kadjudi semah geus tangtos, di lawang beulah kidul, kadanguna ku Sang Pramanik, atuh harita têras, ti djro masdjid lungsur, nya eta bade népangan, ka tatamu putri djin puséring bumi, Adjéng Ratna Suminar.

4. Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, geus gok tépang saréng tamu tea, ngahuléng neuteup teu pětot, Sang Dewi ka tatamu, sarta njaur lébéting galih, mudji tina geulisna, rupi Ratu Aju, ka Allah kutan teh endah, aing nêmbe manggihan saumur hurip, anu kieu geulisna.

5. Kitu saur Sang Dewi Pramanik, pamudjina ka Ratna Suminar, barina ngahuléng méntjrong, Ratu Putri nja kitu, barang ret ge ka Sang Pramanik, langkung-langkung kagetna, neuteup bari déku, njaur salébéting manah, masya Allah naha mana geulis teuing, estu ratuning endah.

6. Aing némbe saumur nya hurip, manggih istri sakieu geulisna, estu matak moho nendjo, beunang oge disêbut, ieu istri mustika rupi, tjatjakan panganggona, bangsa anu buruk, komo mun panganggo mubjar, kadang kala aing mo bisa ningali, bawanning ku serabna.

7. Ngan aing teh bét kaduhung teuing, hanteu mawa panganggo nu endah, keur tawis tilam babaktos, sanggeusna njaur kitu, Sang Putri djin médal tjitangis, ku tina lintang-lintang, dina lébét kalbu, kabingahan jasa tépang, da ngemutkeun ku bangga pisan ngilari, di dunja kamanusan.

8. Ngan hadena didjaring ku pudji, dibelaan tapa ngumbah raga, tiasa patépang soteh, ajeuna paréng tépung, Ratu Putri jeung Sang Pramanik, geus taja papadana, kabingahan kalbu, tungtungna Ratna.