Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

147

Suminar, ladjéng bae sudjud ka Dewi Pramanik, nangis hénteu ngandika.

9. Sang Pramanik ningal polah Putri, langkung-langkung nandang kaget manah, tina hanteu atjan ngartos, sababna tamu kitu, sudjud nangis bét kawas manggih, pasal katugénahan, atawa kabingung, anu geusan marga bahja, kitu sangka manah Sang Dewi Pramanik, ka Sang Ratna Suminar.

10. Tungtungna mah Sang Dewi Pramanik, kabawakeun ku Ratna Suminar, nandang térésna nja raos, djadi liwung mangpaung, tjumalimba bidjil tjitangis, rada kawisajaan, sarta bari njaur, ka Putri Ratna Suminar, djeung ditjandak pananganana Sang Dewi, sarta aji nyébatna.

11. Aji mangga ka masigit linggih, mugi ulah tunggaraning manah, tina ménggah trah Narpatos, nandang kewuhan kalbu, dugi kana médal tjitangis, tumiba kana lébah, kadjaden tinangtu, sangar raga kasampurnan, da katarik ku sipat rantjana galih, watékna kaheméngan.

12. Sang Putri djin ngadangu panglahir, ngawurukan pasal panjégahan, kahartos nangisna aso, sarta teu lami těrus, Ratu Putri ku Sang Pramanik, dikaleng tina lawang, kuta beulah kidul, ditjandak angkat ti dinja, hénteu lesot dikaleng dugi ka masdjid, memeh lébét manjoan.

13. Dilinggihkeun Sang Aju Putri djin, ku Sang Dewi Pramanik harita, dina alkétip nu objor, sarta papajun-pajun, Ratu Putri djeung Sang Pramanik, saalkétip teu pisah, di masdjid Binarum, ngan Nji Mandra Patih buta, dina tépas teu ngiring asup ka masdjid, da sérég di pantona.

14 Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, seug ngawitan ka Ratna Suminar, imut sartana tumaros, atjeuk teh sakalangkung, wangkid ieu gumbira ati, nu taja papadana, kasumpingan tamu, amung mugi pangaksama, tina hanteu tiasa katur babakti, sipating katuangan.

15. Aji oge kanténan tingali, puguh atjeuk sagala teu aja, malum di témpat kasépen, Ratu Putri ngawangsul, djeung tumungkul bawaning isin, emok mando teu kéndat, nun rai panuhun, atjeuk mugi ulah pisan, aja saur kirang tawis marga asih, sakieu ge kalintang.

16. Katjékapan tawis atjeuk asih, kérsa ngangkén ku saur sumeah, rai nuhun laksa-kéten, Dewi Pramanik njaur, saréng atjeuk rek naros deui, wireh tina némbean, atjeuk teh nu estu, kalajan aji patěpang, saha tea sinaréng ti mana bumi, tjobi atjeuk wartosan.

17. Saréng naon margi lédjar galih, kérsa lénggah ka témpat nu maas, gunung leuweung si maganggong, Ratu Putri ngawangsul, ménggah rai ti pusér bumi, nagri Tolongtéléngan, kadjinan nu estu, pun bapa ratu di dinja, dupi wasta diri rai nu sajakti, Adjéng Ratna Suminar.

18. Saréng rai margi agéng ati, gana-gana dugi kumawawa, milampah