Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
148

agěng wawanen, ngadjudjur ngulur napsu, maksad rai dua pěrkawis, kahidji hajang těrang, těmpat gunung-gunung, di dunja kamanusaan, kaduana maksad rai nu sajakti, margina ngadeuheusan.

  1. Wireh rai lintang gěgěl ati, kataradjang gaduh kasěsahan, karaos kalintang abot, dumugi langkung-langkung, hěnteu raos njandangan hurip, bawaning ku awratna, ku nu djadi ewuh, amung lami-lami těras, ngondang dukun djin anu guna wisakti, nu awas panorahna.
  1. Sanggěmna teh rai kědah indit, kana těmpat dunja kamanusan, ka kěrsa atjeuk sajaktos, kědah njuhunkeun tulung, eta kitu sanggěm paradji, nu mawi rai dongkap, kana njusul-njusul, ka pangkon atjeuk ajeuna, bade něda pitulung kawělas asih, ngalandongan kasěsah.
  1. Barang eukeur Sang Putri wawarti, aja sora ti masdjid datangna, ka Sang Adjěng Aju Putren, eh Njai Ratu Aju, poma-poma ulah sambuni, atawa asa-asa, nutur tapak laku, sing těrang sapangarěpan, da mustahil atjeukna Dewi Pramanik, ka Njai timburuan.
  1. Sang Putri djin ngadangu panglahir, langkung-langkung nandang kaget manah, dumugi tjarios liren, tungtungna Ratu Aju, gimir dina lěběting galih, teu kěrěsa wawarta, ka Sang Putri Wiku, da aringgis kumaonam, atuh wuwuh isin ku Dewi Pramanik, Putri Ratna Suminar.
  1. Tungtungna mah njaur lěbět galih, aeh-aeh bět aneh katjida, aja masdjid bisa ngomong, njaho ka laku batur, komo teuing atjeuk Pramanik, kauningaanana, kana elmu luhung, tjatjakan ieu těmpatna, bisa ngomong mituah ulah sambuni, sagala kalakuan.
  1. Barang eukeur Putri kitu galih, geus pok deui aja nu njarita, eh Njai Ratu Pinutren, ulah ngamanah kitu, mudji luhung pangkat sadjati, mungguhing ka atjeukna, pamali mun kitu, matak pětjat kadjatian, kalilipan ku heméng rantjana ati, asal ku pakagetan.
  1. Ajeuna mah pek Njai wawarti, ka atjeukna masing těrus-těrang, wiwitan Njai ngadolos, ngadjudjur hawa napsu, ulah arek dipinding-pinding, itung-itung diadjar, lugina nja kalbu, tanda ngagěm kasutjian, serong tjurang omong gapong kudu pangkring, meungpeung Njai nonoman.