Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sinom

  1. Sang Adjěng Ratna Suminar ngadangu sora ti masdjid, ngahulěng hanteu ngandika, ningal ka Dewi Pramanik, djeung langkung nandang isin, Dewi Pramanik seug njaur, dikěbatkeun sumangga, nyarios tatag sing apik, sakumaha raratan anu kapěndak.
  2. Teu lami Ratna Suminar, ngěbatkeun deui wawarti, diundjukkeun sadajana, ka Sang Dewi Paramanik, ditungtik apik-apik, bisi kaliwat kaliru, tatag djeung těrus-těrang, teu pisan dipinding-pinding, ti awalna dongkap ka ahirna pisan.
  3. Barang geus tamat wawarta, Sang Ratna Suminar nangis, ari nu djadi sababna, ku pasal dua pěrkawis, hidji ku langkung isin, da kabitur nandang liwung, kairut ku Sang Putra, tjaroge Dewi Pramanik, atuh lintang raos isin ku garwana.
  4. Ari kadua pěrkara, pang nangis Ratu Putri djin, lantaran tambah emutna, ka anu di guha tjandi, Sang Radja Putra jakti, kitu manah Ratu Aju, sarta rempan katjida, aringgis teu dipigalih, di ahirna ku Sang Pangeran Purnama.
  5. Ari Dewi Pramanik mah, ngadangu saur Putri djin, jen Radjaputra Purnama, aja di pusěring bumi, dina guha wěrědjit, ditěnung didjieun batu, ku Arja Patih Kumba, ngahulěng Dewi Pramanik, teu ngandika ngan wungkul mědal tjisotja.
  6. Bawaning těrěsna manah, meh leungit sagala budi, bawaning wělas ka raka, ngamanah teu njana teuing, ěngkang Pangeran kenging, bahja nista tjara kitu, keuna ku hianatna, wisaja siluman iblis, kitu saur Pramanik lěběting manah.
  7. Tatapi tina bubuhan, Dewi Pramanik geus njangking, bagbagan di kadewian, manah sěsah gampang pulih, ku anu lenggang wěning, kantun nuhun ka Jang Agung, geus nampi pangěrsana, těrbuka wahjuning diri, kenging wartos ajana Purnama Alam.
  8. Ngan muga-muga sing enggal, dikěrsakeun ku Jang Widi, nandangan rahmat waluja, kaja bahara-bihari, djasmani trah narpati, Sang Dewi Pramanik kitu, dina lěběting manah, liren margina kasilih, ku piundjuk Sang Adjěng Ratna Suminar.
  9. Undjukan djeung kěndat-kěndat, rehna kasembor ku tangis, duh atjeuk rai ajeuna, wireh parantos dumugi, těpang kalajan nampi, wiludjěng