Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/154

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
152
  1. Saha anu lampah baha, para tuměnggung bopati, teu daek gěntos agama, tangtos ku rai dibasmi, barang Dewi Pramanik, nguping saur Putri kitu, rek ngaruksak kadjinan, gumuju bari ngalahir, nuhun pisan aji bade kitu kěrsa.
  1. Amung emutan atjeuk mah, ulah waka digigimir, dibuburak sina ruksak, dumeh asal ěmbung njangking, kana agama Nabi, tatapi lamunna kitu, kaom naon ngaranna, lain maksudna pribadi, sadrah soteh ku djalan sieun diruksak.

Asmarandana

  1. Tina marga eta aji, upami aja kěrěsa, kana mindahkeun kaom teh, ulah rek disingsieunan, atawa dibibita, da kudu ku lěmah-lěmbut, nasehat kamuslihatan.
  2. Ku silib reudjeung pepeling, pituah pangupah-ngupah, tata rata nu raspaten, aji ge tangtos uninga, bagbagan widjaksana, aturan njieun pitutur, njeka pikir kakotoran.
  3. Eta aji masing eling, bok sulaja ti raraga, era ku aděg pribados, mun geseh tina pokona, rukunna hal kusumah, disěbut kusumah palsu, ku rasa Kasasmitaan.
  4. Malah anu leuwih bukti, aji ninggang pasulukan, salira ku andjeun keneh, putri Narpati kadjinan, ari sategěsna Nar, seuneu njatana nu estu, tjeuk basa para budjangga.
  5. Seuneu wiwintjikan diri, anu hurung matak tjurang, anu pepes gampang lempes, panas leuwih-leuwih gangas, salampah-lampah salah pantjaran nja mawur tjatur, djadi areng kagorengan.
  6. Ari pati njata putih, lain putih tjara kapas, lain putih tjara lawon, putih soteh kasutjian, tur pandjang kawěningan, suwung rarambuning kalbu, ilang pasangaran rasa.