Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
153
 
  1. Narpati (1) napsu nu putih; nja ninggang di kasampurnan, raraga sipat kadjaten, tah eta kědah kamanah, marga aji darahna, titisan nu ngagěm luhung, tigin kana kapahingan.
  1. Pahing kamurkaan galih, nu geusan njorang katulah, raraga měndak tjotjoge, tjeuk basa ahiring mangsa, mun aji hanteu jasa, měgung napsu nu kalangsu, pinasti mandjing rasěksa.
  1. Sanggeus Ratu Putri nampi, sagala pasal pituah, wuwuh manah ngalokotoj, tumungkul hanteu ngandika, bawaning ku katjida, surup kana djěro kalbu, sasaur-saurna raka.
  1. Lami-lami seug-ngalahir, dupi rai ajeuna mah, maksad tumut atjeuk bae, naon-naon pangěrěsa, rai mah amung njangga, sědja sumudjud mo buntu, dunya dumugi aherat.
  1. Sumawonten baris djadi, balukar kawiludjěngan, nadjan geusan baja maot, rai moal lampah baha, tina wangkid ajeuna, ka kersa atjeuk nu estu, numutkeun sapapaosna.
  1. Dewi Pramanik ngalahir, nuhun aji kitu manah, asih ka atjeuk nu bodo, kěrsa rek manah bumela, kana kawaluratan, ngan atjeuk gaduh panuhun, ka lěnggah aji ajeuna.
  1. Mugi sabar kěrsa lami, lěnggah di ieu patapan, wajahna nandang prihatos, marga sagala teu aja, manawi etang-etang, ngantosan turunna wahyu, nu baris kawaluyaan.
  1. Ngawangsulan Sang Putri djin, sumangga atjeuk sumangga, rai mah ngiringan bae, nadjan wiwilanganana, tirakat sampe wapat, tapakur dogkap ka adjur, rai mo tuna bumela.
  1. Kitu saur Ratu Putri, jen ngababar kasabaran, gantjangna nu ditjarios, sabadana sasauran, harita pukul opat, ti djěro masdjid lalungsur, Pramanik Ratna Suminar.
  1. Kěrsana bade pělěsir, Mandrawati hěnteu tinggal, ngiring lělěson pinutren, ngadjadjah ka palataran, ningali pangaturan, di puntjak gunung Binarum, nu kěběk ku harum sěkar.
  1. Mimiti lungsur ti masdjid, ngadjadjah bunděran kěmbang, ngarendeng pakaleng-kaleng, lengkah titih djeung satingkah, satandang lir sapasang, salira ampir saliru, saaděg tandjěk satintjak.
  1. Kěmbang marědal wawangi, rěkah sami barareukah, sami sarěmu babaktos, ligar pada ngiring hegar, ka anu katamuan, kaja ngadjamu ku harum, kewěs katur kahormatan.
  1. Malati nu bungah ati, sěděp malěm katur salam, kěmbang ros

——————————————————————
(1) Narpati = narapati = nrěpati (basa Sanskrit) = radja; nrě = nara = djělěma : pati = gusti = ratu : nrěpati = ratuning djělěma.