Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

154

kewés babaktos, ergulo sému bumela, dalia nu satia, kémbang tandjung lir rek mundjung, tjampaka nu mandi suka.
  1.  Seungit leuwih ngadalingding, tur ngadjadi kawarasan, mepes manah nu prihatos, katérap kamaunatan, djadi kasalamétan, pangaruh anu keur kukuh, tatapa ngumbah salira.
  2.  Teu lami Dewi Pramanik, saréng Sang Ratna Suminar, kébat ka kébon kakajon, buah-buah nu ngareunah, buah bapang katapang, tangkal lubi-lubi djambu, huni kaweni djeung nona.
  3.  Kalapa kupa djeung kopi, djéruk bali lalidjiwa, béntjoj-béntjoj aramotjoj, tjampédak tangkalak salak, buah gédong djeung gédang, djéruk manis lemo limus, gandaria budidaja.
  4.  Maunat Dewi Pramanik, buahan taja usumna, daun lembok buah gemplek, Dewi Pramanik harita, bobor margi hormatan, njumanggakeun ka tatamu, buah kidang nu dituang.
  5.  Ari Sang Ratu Putri djin, amung ngala lalidjiwa, djeung menteng anu karoneng, dituang tamba hanaang, bari ajang-ajangan, ngalantung handapeun tandjung, palébah djadjaran bapang.
  6.  Ari Patih Mandrawati, tjampédak anu dipurak, lajeng marol buah burahol, ngabaheum bémbém djeung namnam, séntul beak satangkal, limus danas nu dirémus, dipake ubar hanaang.
  7.  Dewi Pramanik ningali, imut ningal tata buta, réwag-réwig wuwuh réwog, Sang Dewi ladjêng ngandika, ka Sang Ratna Suminar, masa Allah aji itu, bibi Arja Patih Mandra.
  8.  Naha mana rampus teuing, ngadahar sagala gahar, Ratna Suminar ngawalon, atuh ngaranna ge buta, daharna tara tata, kana sagala ge rampus, teu aja tampikanana.
  9.  Njaur Sang Dewi Pramanik, tjing tjobi bere kalajar, Ratna Suminar ngawalon, teu beukieun kalajar mah, wungkul nu bangsa ngeunah, Dewi Pramanik seug njaur, ana kitu tjara urang.
  10.  Sang Putri djin imut manis, kapégat raratan kétjap, ngarogo da kapikagok, tumungkul bati isinna, Putri Ratna Suminar, ku raka Sang Putri Wiku, mustika karang patapan.
  11.  Ti dinja arangkat deui, ngadjadjah sawéngkon eta, tatamu djeung nu katamon, ngawaskeun di palataran, awas ka madhab papat, wetan kulon kaler kidul, taja kandégan halangan.
  12.  Ngurilingan pagér pinggir, marabat tjara sarodja, lir dipulas ku tjet hedjo, kawas nu beunang ngahadja, njieun témpat nu hardja, pangaturan nu panudju, pikeun kalangénan radja.
  13.  Sang Ratna Suminar kétir, ningal palataran datar, ampir-ampir