Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

155

nadah teter, teu tahan nahan kakělar, emut ka nu ditilar, nu aja di Bungbungiimur, mustika di djěro kamar.

36. Djeung ampir mědal tjitangis, tina bawaning kagagas, tungtungna kana prihatos, leuleus lempes, tjara kapas, rarajna munggah pias, kawas nu rek njorang lampus, ilang tandang tata gangas.

Dangdanggula

1. Njai Dewi Pramanik ningali, kana rupi Sang Ratna Suminar, amung ku reret ku kělet, katingal sěmu ngungun, lir nandangan kagagas galih, tatapi geus kamanah, ku Sang Putri Wiku, nu djadi lantaranana, pangna měsum paroman Sang Ratu Putri, aja kemutanana.

2. Tatapina Sang Dewi Pramanik, pura-pura anu teu uninga, ka nu keur nětěs prihatos, ngan imut sarta njaur, haju aji urang marulih, da geus burit ajeuna, ka masdjid Binarum, nyumanggakeun Adjěng Ratna, sarta těras ti těmpat eta marulih, lěbět ka masdjid tea.

3. Hanteu lami Sang Ratu Putri djin, ladjěng bae tumaros ka raka, tjobi rai něda wartos, wireh rai nu estu, hanteu těrang nu djadi margi, pang atjeuk aja lěnggah, di gunung Binarum, naha kumaha awitna hěnteu lami ngawalon Dewi Pramanik, ka Sang Ratna Suminar.

4. Diwartoskeun tina barang awit, těpang sarěng Sang Pangeran Putra, waktu lěnggah di pasantren, ditutur teu kaliru, dongkap kana ngalih ka nagri, ti gunung Gurangsarak, disaur ku Ratu, djeung dongkap kana leungitna, Sang Pangeran ti kaputran těngah peuting, dumugi ka musnana.

5. Dongkap kana ditundung ku Gusti, ulah aja di dajeuh Riskomar, djalanan leungit Sang Anom, sartana dipisaur, ku Sang Dewi waktu prihatin, ka luar ti nagara, ngurubut ka gunung, dipiwarti teu kaliwat, sapaměndak dititik diapik-apik, sadjěro mileuweungan.

6. Nja dumugi ka Binarum masdjid, raos-raos lěnggah di patapan, ngantosan Pangeran Anom, dongkap kana patěpung, kasumpingan Sang Ratu Putri, dina waktu harita, keur guněman saur, Ratna Suminar kalintang, ngiring ngangrěs ngadangu Dewi Pramanik, nyarios lalampahan.

7. Dina waktu kětir ngiring kětir, sarta bari teu pětot ngalimba, ěta Sang Ratu Pinutren, lamun dina keur nudju, njarioskeun kabingah-galih, Putri Ratna Suminar, teu kěndat gumuju, bawaning ku ngiring bingah, sumawonna Nji Mas Patih Mandrawati, dumugi ka ngagakgak.