Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

156

8. Sanggeus tamat Sang Dewi Pramanik, njarioskeun lalampahanana, ku Mandrawati digéntos, ngundjukkeun asal laku, ti sabarang djadi paradji, di nagara Riskomar, sarta hasil maksud, maling putra Sang Riskomar, disanggakeun ka Ratu nagri Burbani, djeung térus dikukutna.

9. Dongkap kana njiar keur lalandih, sarta ragrag ka pasantren tea, diundjukkeun ka praputren, ditutur teu kaliru, dongkap kana kenging panglahir, ti Sang Pramanik tea, dimistikeun tunggu, di suku korsi kantjana, sarta dongkap kana kenging keur kakasih, ti Sang Ratna Suminar.

10. Diundjukkeun ditewak ku Putri, dina mega arek dipaehan, sarta dongkap ka pasantren, saréng Sang Ratu Aju, ngalap elmu ti Maha Rési, rukun-rukun agama, dumugi ka tjunduk, tjarios kana tépangna, Ratu Putri saréng Sang Dewi Pramanik, dina waktu harita.

11. Langkung-langkung Sang Dewi Pramanik, résép nanggap Mandra tjatjarita, hal asal-usul lalakon, sartana ladjéng njaur, bari imut ka Sang Putri djin, ieu teh pasal urang, anehna kalangkung, hade mun didjieun babad, pitjontoeun mun diparéng pandjang hurip, keur anak-intju urang.

12. Putri-putri saréng Mandrawati, nyarioskeun lalampahanana, sami pada nganggap aneh, Dewi Pramanik térus, njaur deui ka Sang Putri djin, atjeuk aja pamaksad, ka aji piundjuk, manawi aji uninga, asal-usul Maha Putiasukmadji, Ratu nagri Ambarak.

13. Wireh atjeuk kapungkur teh nguping, ti éngkangna Sang Pangeran Putra, waktu masih di pasantren, andjeunna aja saur, pangadégna Dewi Kaswati, lir rupa bangbarongan, djangkung géde imbruh, beda djeung bangsa manusa, tatapina ku sadaja nu ningali, disébat putri endah.

14. Atjeuk langkung ku hanteu ngaharti, eta mana anu saénjana, margi aja dua wartos, Ratu Putri ngawangsul, sarta bari gumudjéng manis, upami sajaktosna, atjeuk hénteu maphum, sumangga rai undjukan, kitu oge rai mah wartosna deui, ti kérsa Kangdjéng Rama.

15. Sajaktosna Putiasukmadji, duruwiksa ti dasar sagara, ngaraton siléman kabeh, nagari Gujunglimbu, ngaranna ge anu sajakti, sanes Putiasukma, saur ama Ratu, Sang Burusganur ngaranna, malah eta Kaswati ngaran nu awit, memeh djadi manusa.

16. Ngaranna teh Endang Rohongguris, kitu oge rai mah teu térang, memeh ngamanusana teh, margi rai keur lémbut, dupi eta Arja Papatih, nu ngaran Arja Kumba, mashur Barakgirung, bangsa keneh duruwiksa, dupi awit aja di Ambarak nagri, hajang djadi manusa.

17. Burusganur nja térus ngalindih, nja eta ka Ratu Ambarak, mung sanes pérang ngorojok, Sang Ratu Burusganur, ka Sang Ratu Ambarak