Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/159

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

157

nagri, ma'lum adat siluman, bisa gawe něnung, kabeh kapala Ambarak, tjariosna taja nu kantun sahidji, sadaja ditěnungan.

18. Disingkirkeun ti djěro nagari, rupa-rupa ditěnunganana, aja nu djadi kakajon, aja nu djadi batu, kitu deui manehna ganti, saěnggeusna něnungan, Ratu Burusganur, njipta djadi kamanusan, sarta niron kana rupa Ratu tadi, anu ditěnung tea.

19. Ngaranna ge nurutan nu tadi, mashur nělah Sang Putiasukma, patut tjěples ngaran niron, Patihna ge nja kitu, Barakgirung ngadjadi deui, lir Patihna Ambarak, anu geus ditěnung, ngan aja oge gesehna, dina ngaran sanes Kumbaaringaring, Patih nu kapěngkěr mah.

20. Arja Patih Gěnda Soringtoni, papatihna nagara Ambarak, sarěng ditěnungna oge, ku Ratu Burusganur, sadajana kapala nagri, dibokong dibongohan, těngah wěngi nudju, keur sami karulěm tibra, abdi-abdi saeusi eta nagari, hanteu aja nu těrang.

21. Jen Ratuna djeung Aria Patih, putra-garwa hanteu pisan tinggal, katěrapan těnung kabeh, kitu margi teu gěruh, marukanna hěnteu diganti, kawuwuh hanteu beda, djeung Pat.h kapungkur, dongkap ka waktu ajeuna, eta kitu dawuhan Djěng Rama Gusti, awit Putiasukma.

22. Barang nguping Sang Dewi Pramanik, tjariosan Sang Ratna Suminar, langkung-langkung manah kaget, sartana těrus njaur, masa Allah teu njana teuing, jen kitu balukarna, Sang Putia Ratu, paingan teuing saurna, Sang Pangeran ningali ka Nji Kaswati, njěbat lir bangbarongan.

23. Amung atjeuk hajang těrang sidik, anu ngaran Arja Patih Kumba, nu něnung Pangeran Anom, kadua hajang těpung, sarěng gandek salira aji, musuhna Arja Kumba, rek diaku dulur, ku atjeuk waktu ajeuna, tina marga bisa mangmalěskeun njěri, seep kapanudjuan.

24. Hanteu lami ngawangsul Sang Putri, mangga atuh upami kěrsa mah, nadjan wěngi ieu oge, djěngkar ka Sulungtubu, měnggah rai sumědja ngiring, Sang Pramanik ngandika, atjeuk moal burung, laladjo Aria Kumba, djeung manggihan gandek aji Mantri Ginggi, tapi kědah ngantosan.

25. Paidinna ti ieu masigit, nu diarah nja karahajuan, sapandjang djalan lalakon, barang keur guněm saur, Putri-Putri di těpas masdjid, njarios palay djěngkar, teu lami Binarum, gorowok bae njoara, basana teh eh Njai Dewi Pramanik, reudjeung Ratna Suminar.

26. Idin pisan ti ieu masigit, arek lunta kana Langlangsona, tatapi, samemehna teh, njaba ka Sulungťubu, poe isuk kudu arindit, duaan ulah tinggal, ka gunung Sirkawur, di kulon-kidul pěrnahna, aja tjiri di pun Rei tjakna imah leutik, něnggang taja baturna.