Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/160

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

158

27. Eta gunung těmpat tukang tani, rupa-rupa bangsa pěpělakan, lalawuh keur deungeun kedjo, arindit poe isuk, djeung kadua aja paidin, ti Sang Purnama Alam, ku Pramanik kudu, Tjakrahajat Kantahajat, kudu bawa ulah ditilar ku Njai, pake saheulaanan.

28. Ngan sakitu saurna masigit, sarta matak djadi kabingahan, kana galih Sang Pinutren, Dewi Pramanik njaur, tah geus aja geuning pawarti, urang teh kaidinan, ku masdjid Binarum, njaba kana Langlangsona, tatapina ajeuna urang dimisti, leumpang ngadjadjah heula.

29. Kana gunung těmpat djuru tani, pagunungan Sirkawur ngaranna, pěrnahna di kidul-kulon, dimisti poe isuk, urang indit ka djuru tani, tatapi atjeuk susah, margi tatjan maphum, kana pagunungan eta, tatapina hayu bae urang indit, ku sabab parentahan.

30. Ngawangsulan Sang Ratu Putri djin, měnggah rai mung sědja ngiringan, sanadjan ka mana oge, mung rai lintang ewuh, tina margi sanes paranti, kana leumpang badarat, tuman, djalan luhur, kantěnan djadi kakuna, ngawalonan Sang Pramanik ka Putri djin, aji tong djadi sěmang.

31. Hal pěrkara ku lain paranti, angkat djadjah ngambah-ngambah lěmah, inggis kaku djadi mopo, mun manah aji kitu, masih keneh tjangtjaja galih, palsu jen umangkěnna, ka atjeuk misěpuh, Sang Ratna Suminar reuwas, nampi saur ti raka Dewi Pramanik, tumungkul teu ngandikan.

32. Terus deui Pramanik ngalahir, ulah sieun teu tiasa angkat, ieu bae kědah anggo, nu atjeuk tikěl-balung, supajana salira aji, tiasa gantjang angkat, sarta hěnteu ripuh, wantu djimat kamanusan, Sang Putri djin njaur nuhun sarta nampi, djeung těras dianggona.

33. Barang nganggo Sang Ratu Putri djin, raraosan wuwuh reugreug manah, sadunja kěběk ku hate, eukeur mah ti kapungkur, adat běngis tur leber galih, ajeuna tambah-tambah, wawanen nja kalbu, dugi palay mangku djagat, da kahudang ku djimat Dewi Pramanik, tikěl-balung mas tea.

34. Gantjangna teh ieu nu digurit, katjaturkeun di poe isukna, pukul gěněp rěbun keneh, masdjid Binarum njaur, aeh Njai Dewi Pramanik, sarta Ratna Suminar, dawuh ieu kudu, indit ka Sirkawur tea, didoakeun mugi salamět nja diri, meunang kawalujaan.