Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/161

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sinom

1. Sanggeus nampi piwarangan, teu lami Dewi Pramanik, njandak dua djimat tea, Tjakra-Kanta anu tadi, ngan matak heran leuwih, barang ku Putri dibantun djdi hareureut pisan, dikeupeul ge tangtu buni, mun ditimbang sami djeung salěmpaj sutra. 

2. Dawi Pramanik teu lila, saparantosna tarapti, njaur ka Ratna Suminar, bari tjumalimba nangis, sumangga atuh aji, buru-buru meungpeung isuk, walon Putri sumangga, hanteu lami para putri, ladjěng lungsur ti djro Binarum Kania.

3. Mandrawati ge ditjandak, atjan diidinan balik, harita geus sami angkat, Ratna Suminar Pramanik, nu ngiring Mandrawati, djěngkarna ka lawang kidul, angkat ajang-ajangan, mudun ti gunung masigit, manah kělar ngahělar dina tětělar.

4. Tegal djukut kakawatan, mipir-mipir hunjur pasir, ngaliwat lěbak bubulak, mapaj mumunggang nu lamping, sumping kana malingping, nudju ka gunung nu liwung, ngaliwat djungkrang lěwang, ngurubut di leuweung rumbit, angkat alon njonggeang ka těgal lenglang.

5. Panonpoe tjaang bengras, nudju dina, asar ahir, n.nggang pamajonan matjan, angin lělěr ngahilir, ngaso niis tjaralik, di handapeun tangkal sěmpur, nuangan bubuahan, tjandak ti gunung Masigit, djěruk bali lalidjiwa budidaja.

6. Těgal lěga ngěntak2, tur datar aja pasir, negla taja tatangkalan, ngan badori sadagori, djalantir djeung kanikir, kiurat djeung djukut-riut, sintrong djotang tjarulang, ketepeng katumpang patjing, djodjomplokan eurih bajandah djeung mandjah.

7. Teu lami deui djalěngkar, angkat alon lengkah titih, da kabengbat ku paninggal, bangsa kakajon nu těbih, di sisi sakuriling, wetan-kulon-kaler-kidul, hěnteu aja towongna, djanitri djunti kiputri, albas'ah djalaprang pasang kidjulang.

8. Putri-putri arangkatna, harita parantos těbih, kira aja sapuluh pal, harita kaburu burit, geus waktu bada magrib, diganti ku bulan ngěmpur, tanggal lima-bělasna, praputri ngaraos tiris, wantu-wantu hawa tanah pagunungan.

9. Sang Adjěng Ratna Suminar, wantu nu anjar pinanggih, kana kitu lalampahan, raos repot leuwih-leuwih, katingal ku Sang Dewi, hawa-