Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/162

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

160

toseun langkung-langkung, margi Ratna Suminar, teu kawawa nahan tiris, ampir geuneuk salirana soropatan. 

10. Bawaning ku hawatosna, Dewi Pramanik teu lami, mundut tikěl balung tea, anu dianggo ku Putri, sartana hanteu lami, dikeupitkeun sarta njaur, mundut sal sutra dua, sarta harita geus bukti, dua kampuh bulu-bulu sutra mubjar.

11. Dewi Pramanik ngandika, sumangga anggo ku aji, walon Sang Putri sumangga, atuh Putri leuwih-leuwih, bungahna lêbêt galih, gantjangna anu ditjatur, Pramanik djeung Suminar, čnggeus nganggo kampuh sami, dikurudung gumilang katodjo bulan.

12. Nji Aria Patih Mandra, nandang keuheul djêro ati, ku sabab tara biasa, leumpang hanteu gasik-gasik, da tuman tjara angin, nu ngadudud ngagělěbug, ari waktu harita, wantu-wantu ngiring Putri, leumpang alon kawuwuh loba randěgna.

13. Mandrawati seug undjukan, ka Sang Dewi Paramanik, Sang Dewi mugi kěrěsa, wireh panuhun pun bibi, supados angkat gasik, sae ku bibi dipunggu, gumudjěng putri dua, Dewi Pramanik ngalahir, ah bibi mah putra teh da lain budak.

14. Djeung keur naon gagantjangan, lengkah rusuh gusak-gusik, da lain rek moro masar, sugan bae djadi wuwuh, paměndak sadjadjalan, kadua pěrkara deui, ngarah tuman apal pěrdjalanan alas.

15. Margi putra mah manusa, wadjib nangenkeun pamanggih, kamulyaan alam dunja, supaja baring supagi, lamun waluja diri, bisa nutur tapak laku, dina djroning babad, batjaeun mitra prawargi, itung-itung baris sambara tjarita.

16. Mandrawati hanteu kêbat, miundjuk ka Sang Pramanik, margina hanteu kamanah, panuhunna Mandrawati, hajang munggu praputri, da saur Sang Dewi kitu, angkatna djeung sambian,pělěsir njiar pamanggih, ngalilipur mepes manah kasukěran.

17. Malah sawêngi harita, teu pisan liren sakali, da taja baris salěmpang, kana pinanggih balahi, nu bakal baja pati, moal aja anu wantun, ngaganggu ka nu angkat, sanadjan setan djurig djin, batan wani kasorang anggur njaringkah.

18. Gantjangna ieu tjarita, djalêngkarna para putri, waktu harita geus beurang, kira pukul tudjuh endjing, seug liren para putri, nudju dina puntjak gunung, bengras tjaang katjida, hanteu aja aling-aling, atuh awas plungplongna ka mana-mana.

19. Dewi Pramanik ningalan, ngidul ngulon njêla bumi, sugan aja lapat-lapat, tětěngěr tuduhan masdjid, teu lami katingali, gunung bulistir