Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/167

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

165

naon, onom atawa manusa, margina manusa mah, moal aja anu wantun, kana ieu pagunungan.
30. Barang Sang Dewi Pramanik, ngadangukeun panarosanna Nyi Turni djuru tatanen, gumuju kalintang ngeunah, tina disangka-sangka, bangsa onom nu teu puguh, tina wani leuleuweungan.
31. Teu lami teras ngalahir, perkara diri kaula, têgêsing manusa tulen, lain siluman-siluman, atawa duruwiksa, ngan laku anu teu puguh, sulaja ti lumbrah djalma.
32. Sirna pikir ngambah pasir, bêtah ngambah pangalasan, djeung pada djalma teu parok, njagpantês oge disêbat, kana bangsa siluman, puguh tiña kieu laku, walurat sarta masiat.
33. Kitu deui mungguh bibi, nanja rumah tangga kula mungah kula nu sajaktos, hanteu boga rumah-tangga, djaba ti kalakuan, turun gunung unggah gunung, lampah sakawenang-wenang.
34. Djeung maksud kula pribadi, nu matak ka dieu datang, ku sabab asal kula teh, bawaning ku sakieuna, djadi djalma balangsak, mudjajka gunung Binarum, ku hajang manggih těrbuka.
35. Kana geusan sirna pikir, papisah reudjeung kasüsah, tina kula tigin hate, kana paneda laksana, nandangan kangeunahan, meunang ilapat pangwuruk, ti karamat gunung eta.
36. Jen diri kula dimisti, djeung ieu dulur kaula, lalandjang di djuru tanen, sarta têmpatna disěbat, pěrtela hanteu samar, di puntjak gunung Sirkawur, kitu basana ilapat.
37. Ku sabab eta manawi, bibi djeung paman miwēlas, kerêsa midaměl gandek, ka diri kula nu hina, masihan padamêlan, sakawawa sakatimu, ngiring nandang kasenangan.

Dangdanggula

1. Saparantos ngalahir Sang Dewi, Turna Turni katjida kagetna, ngadenge Putri tjarios, sabab nu matak tjunduk, jen kêrsana eta praputri, rek mundut padamêlan, bangsa buburuhun, tata gawe katanian, Turna Turni datang kasimana leungit, kantun kaget pikirna. 2. Turna ngomong sadjêroning ati, tjing ku aing arek dirawatan, rek diaku anak bae, bisina anu malsu, putri têrah bangsa narpati, sabab mohal katjida, anak urang kampung, sakieu geulis rupana, dina sorot djeung aing kakara manggih, nu sakieu geulisna.